Karaton Kasepuhan nyaéta karaton anu panglegana sarta pangrapihna di Cirebon.[1] Harti dina unggal sudut arsitektur karaton ieu ogé kaceluk miboga sajarah anu jero.[1] Buruan karaton ieu dikurilingan témbok bata beureum sarta aya pendopo di jerona.[1] Karaton ieu mibanda musieum anu pepek sarta ngeusi barang pusaka sarta lukisan koleksi karajaan.[1] Dina keraton ieu aya pacampuran budaya antara budaya Jawa, Sunda komo Cina sarta Éropa.[2] Di buruan karaton aya patung 2 buntut Maung Bodas. </ref name="sumber2"> Di jero karaton ogé aya Masjid Agung Sang Cipta Rasa.[2] Di jero musieum anu aya di Kalér karaton aya pakakas-pakakas titilar karajaan kawas parabot perang, meriam sarta karéta kéncana anu dipaké nalika perang.[2] [3]

Thumb
simbol karaton kasepuhan cirebon

Karéta ieu disebut Karéta Singa Barong, Huluna Gajah anu tulaléna nyekel trisula (pangaruh Hindu), jangjangna galudra (pangaruh Islam) sarta buntutna Naga (pangaruh Cina).[2] Karéta ieu geus mibanda téknologi shockbreaker sarta ogé mibanda mékanik pikeun nghiberkeun jangjangna.[2] Tapi karéta ieu saprak taun1942 geus henteu dipaké deui sarta ngan kaluar pikeun dibersihan saban tanggal 1 Syawal.[2] Sedengkeun di musieum di bagian Kidul Karaton aya perhiasan, pernak-pernik, piring, sarta perlengkapan karaton anu dipaké waktu jaman Sunan Gunung Jati.[2]

Rujukan

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.