Karajaan Sriwijaya
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sriwijaya (atawa disebut ogé Srivijaya; Thai: ศรีวิชัย atawa "Ṣ̄rī wichạy") nyaéta salah sahiji kamaharakaan maritim anu kungsi ngadeg di pulo Sumatera jeung loba méré pangaruh di Nusantara kalawan wewengkon kakawasaanna ti Kamboja, Thailand Kidul, Semenanjung Malaya, Sumatera, Jawa, jeung basisir Kalimantan.[1][2] Dina basa Sansekerta, sri artina "gurilap" atawa "burinyay", jeung wijaya artina "menang" atawa "kajayaan",[2] ku kituna ngaran Sriwijaya boga makna "kajayaan anu gumilang". Bukti munggaran ngeunaan ayana karajaan ieu asalna ti abad ka-7; saurang pandita ti Tiongkok I Tsing, nuliskeun yén anjeunna datang ka Sriwijaya taun 671 jeung dumuk salila 6 bulan.[3][4] Salajengna prasasti nu pangkolotna ngeunaan Sriwijaya ogé dina abad ka-7, nyaéta Prasasti Kedukan Bukit di Palembang, taun 682.[5] Mundurna pangaruh Sriwijaya ka wewengkon handapna dimimitian ku sabab sababaraha perang [2] di antarana serangan ti raja Dharmawangsa Teguh ti Jawa di taun 990, jeung taun 1025 serangan Rajendra Chola I ti Koromandel, salajengna taun 1183 kakawasaan Sriwijaya di handap pangaruh karajaan Dharmasraya.[6][7]
Sri Wijaya Kadatuan Sriwijaya | ||||
| ||||
Lega maksimeum Kakaisaran Sriwijaya kurang leuwih abad ka-8 kalayan runtuyan ékspédisi jeung ékspansina | ||||
Ibu kota |
| |||
Basa | Malayu Buhun, Sangsakerta | |||
Agama | Buda Mahayana, Animismeu jeung Hindu | |||
Pamaréntahan | Karajaan | |||
Maharaja | ||||
- Kira-kira taun 683 | Jayanasa | |||
- Kira-kira taun 775 | Dharmasetu | |||
- Kira-kira taun 792 | Samaratunga | |||
- Kira-kira taun 835 | Balaputra | |||
- Kira-kira taun 988 | Sri Culamanivarmadeva | |||
Sajarah | ||||
- Ékspédisi jeung ékspansi Dapunta Hyang, (Prasasti Kedukan Bukit) | 650 | |||
- Taluk ka Singasari 1288, Majapait mungkas baruntakna Sriwijaya taun 1377 | 1377 | |||
Mata uang | Koin emas jeung perak murni | |||
Ayeuna bagian ti | Indonesia Malaysia Philippines Singapore Thailand | |||
Warning: Value specified for "continent" does not comply |
Sanggeus runtag, karajaan ieu dipohokeun jeung éksisténsina dipikanyaho liwat publikasi taun 1918 ti ahli sajarah Perancis Géorge Cœdés ti École française d'Extrême-Orient.[8]