Kancing
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kancing atawa buah baju nyaéta pakakas leutik ngawangun gepéng, sarta buleud anu dipasangkan jeung liang kancing pikeun ngahijikeun dua helai lawon anu numpuk, atawa minangka ornamén. Bahan anu pangumumna pikeun kancing nyaéta plastik teuas.[1] Sajaba ti éta, kancing dijieun ti bahan-bahan sintétis séjénna kawas seluloid, gelas, logam, sarta bakelit, atawa bahan-bahan alami kawas tanduk, tulang, gading, kerang, kai.[1]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/d/df/Keyhole_buttonhole.jpg/320px-Keyhole_buttonhole.jpg)
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/5/5a/Clothes_button.jpg)