From Wikipedia, the free encyclopedia
Kalkum nyaéta unggas nu asalna tina kulawarga Meléagrididaé, dina sirah jeung beuheungna teu mibanda bulu, sarta teu bisa hiber jauh ngan saukur ngageleber teupati jauh tina luhureun taneuh.[1] Kalkum nu ilahar dipiara hirupna dina kandang, kalkum nu liar hirup di leuweung mah sok ngadon meuting dina dahan tatangkalan.[2] Kalkum aslina ti leuweung nu aya dinagara Amérika serikat katut México, kiwari kalkum geus nyebar kasakuliah dunya sarta loba numiara pikeun diarah dagingna.[2]
Kalkum | |
---|---|
Kalkun liar, Meleagris gallopavo | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | Chordata |
Kelas: | Aves |
Ordo: | Galliformes |
Kulawarga: | Phasianidae |
Subfamili: | Meleagridinae Gray, 1840 |
Génus: | Meleagris Linnaeus, 1758 |
Spesies | |
M. gallopavo |
Mangsa datang usum baranahan kalkum jaluna sok ngabeukahkeun buluna sangkan katempo leuwih lintuh atawa badag, pikeun ngahéroan kalkum bikang udaganna sangkan kabongroy.[2] Unggal kalkum jaluna mibanda wilayah pangulinan nugeus ditangtukeun kitunatéh bari jeung taki-taki bisi aya jalu séjén nu ngadon norobos kana daérah pangulinana, lamun seug aya nu ngahaja kalkum jalu séjén nu ngadon ngaganggu tara kungsi lila sok diadu marebutkeun wilayah kakawasaan.[2] Cicirén kalkum keur ngambek sarta taki-taki narajang musuh katempo tina jawérna kelirna euceuy beureum sarta kulit sirahna robah jadi bulao, Nu meunang tina pakalangan baris jadi pamingpin éta wilayah sarta babarengan jeung kalkun bikang.[2]
Di Eropa jeung Amérika, daging kalkum geus jadi hiji kabiasaan kudu disayagikeun dina poéan Natal, ku kituna kabutuhan kana daging kalkum ngaronjat nincak bulan Désémber.[3] Kadaharan kalkum kawilang henteu hésé, kayaning sisikian, kacang, simeut, réptil leutik sarta dangdaunan.[2] Dina kahirupan bareng sapopoé kalkum ngumpul sababaraha kalkum bikang jeung anakna kalawan dipingpin ku hiji kalkum jalu, kalkum mah tara liar jauh ngan ngider dihiji wilayah nugeus tangtu.[2]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.