Kabupatén Bondowoso nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Wétan, Indonésia. Ibukotana nyaéta Bondowoso. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Situbondo di kalér, Kabupatén Banyuwangi di wétan, Kabupatén Jember di kidul, sarta Kabupatén Probolinggo di kulon. Ibukota kabupatén Bondowoso aya di pasimpangan jalur ti Besuki jeung Situbondo nu ka Jemberkeun.
Artikel ieu teu boga rujukan sumber nu bisa dipercaya jadi eusina teu bisa divérifikasi. Pitulung ngabenerkeun artikel ieu kalawan nambihkeun rujukan nu bener. Artikel nu teu bisa divérifikasi bisa dihupus ku Kuncén. |
Motto | Swasthi Bhuwana Krta |
Propinsi | Jawa Wétan |
Ibukota | Bondowoso |
Lega Wilayah | 1.560,10 km² |
Kordinat | {{{kordinat}}} |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan | 709.000 (2003) 454 jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal | 20 195 |
Dasar hukum | - |
Tanggal | - |
Bupati | - |
{{{kapala daerah1}}} | {{{nami kapala daerah1}}} |
Kode aréa | 0332 |
DAU | Rp. - |
Ramatloka: - |
Kabupatén Bondowoso bisa dibagi jadi tilu wewengkon: Wewengkon kulon mangrupa pegunungan (bagian ti Pegunungan Iyang), bagian tengah mangrupa dataran luhur sarta bergelombang, bagian wétan mangrupa pagunungan (bagian tina Dataran Luhur Ijen). Bondowoso mangrupa hiji-hijina kabupatén di wewengkon Tapal Kuda anu henteu mibanda gurat basisir.
Kabupatén Bondowoso diwangun ku 20 kacamatan, anu dibagi deui jadi 185 désa sarta 10 kalurahan. Puseur pamaréntahan di Kacamatan Bondowoso.
Suku Jawa sarta Suku Madura nyaéta suku mayoritas anu cukup dominan di Bondowoso. lolobana nu nyicingan boga pakasaban agraris.
Tatanén sarta perkebunan nyaéta sektor perekonomian pangpentingna kabupatén ieu. Bondowoso mibanda pabrik gula di Prajekan. Industri karajinan kuningan perenahna di Désa Jurang Sapi, Wonosari.
Objek wisata andelan Bondowoso nyaéta Agrowisata Kawah Ijen anu perenahna 70 km arah tenggara dayeuh Bondowoso. Sajaba ti midangkeun pesona kawah, réa obyek wisata séjén di sakurilingna, di antarana Curug Kawah Wurung sarta Pemandian Damar Wulan.
Kadaharan has Bondowoso nyaéta peuyeum amis Bondowoso, anu umumna diwadahan bésék (anyaman tina awi nu ngawangun kotak).
Wikiwand in your browser!
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.