Kabupatén Subang
kabupatèn di Indonésia / From Wikipedia, the free encyclopedia
Kabupatén Subang (aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮞᮥᮘᮀ) mangrupa hiji kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Ibukotana nyaéta Subang. Kabupatén ieu wawatesan jeung Laut Jawa di beulah kalér, Kabupatén Indramayu di beulah wétan, Kabupatén Sumedang di wétan kidul, Kabupatén Bandung di beulah kidul, sarta Kabupatén Purwakarta jeung Kabupatén Karawang di beulah kuloneunnana. Subang mangrupakeun salah sahiji wewengkon nu boga sajarah di Jawa Barat, di mana ieu tempat kungsi jadi lokasi Perjangjian Kalijati anu nandaan Walanda nyerahkeun wewengkon jajahanana ka Jepang. Lapangan udara di Kalijati ayeuna difungsikeun deui minagka pangkalan jeung palatihan pilot Angkatan Udara Indonésia. Lega Kabupatén Subang aya dina angka 2.051,76 km² atau 4,64 persén ti legana Propinsi Jawa Kulon.
Motto | Karya Utama Satya Nagara |
Propinsi | Jawa Barat |
Ibukota | Subang |
Lega Wilayah | 2.051,76 km²[1] |
Kordinat | 107” 31’ - 107” 54’ bujur wétan jeung 6” 1’ - 6” 49’ lintang kidul |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan | 1.595.320 (2020) 740 jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal | 30 8 |
Dasar hukum | UU No. 4 Tahun 1968 |
Tanggal | 5 April 1968[2] |
Bupati | H. Ruhimat, S.Pd., M.Si. |
Wakil Bupati | Agus Masykur Rosyadi |
Kode aréa | +62 260 |
DAU | Rp 1.221.080.162,00 (2021)[3] |
Ramatloka: http://www.subang.go.id |