![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/5/51/Rice_straw.jpg/640px-Rice_straw.jpg&w=640&q=50)
Jarami
From Wikipedia, the free encyclopedia
Jarami nyaéta tangkal paré anu geus dipisahkeun tina paréna. Jarami ogé nunjul kana sésa tina olahan sisikian tatanén mangrupa tangkal-tangkal séréalia anu geus garing, sarta sikina/buahna geus dipipitan atawa dipisahkeun. Beuratna jarami kurang leuwih sarua jeung beuratna sisikian anu dipanén, jarami mibanda rupa-rupa kagunaan: suluh, parab ingon-ingon, Rarapénn kandang, hateup, bungkus endog, jeung réa-réa deui. Jarami remen dikumpulkeun dina wangun gulungan, dibeungkeut, aya ogé anu di press, aya ogé anu maké mesin jadi jarami bisa dijieun buleud atawa pasagi. Jarami palebah siki/bulir sabada dicoplokeun paréna, disebut bangkayut.[1]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/5/51/Rice_straw.jpg/320px-Rice_straw.jpg)