![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/2f/Hubble_ultra_deep_field.jpg/640px-Hubble_ultra_deep_field.jpg&w=640&q=50)
Jagat
From Wikipedia, the free encyclopedia
Istilah jagat miboga sababaraha harti, dumasar kana kontéks nu dipigunakeunnana. Dina istilah fisikal, jagat total nyaéta jumlah-jamléh tina sakabéh matéri nu aya, kaasup ruang di mana sakabéh kajadian lumangsung atawa bisa lumangsung. Bagéan tina jagat nu bisa katempo atawa kaawaskeun geus kungsi kajadian disebut disebut jagat nu dipikanyaho, jagat nu bisa diawaskeun, atawa jagat nu bisa katempo. ku sabab inflasi kosmis miceun loba bagéan tina sakabéh jagatna tina horison nu bisa diawaskeun, lolobana ahli kosmologi narima yén henteu mungkin pikeun ngawaskeun sakabéh kontinuum sarta ku kituna bisa disebutkeun jagat urang, nujul kana ukur anu ilahar bisa dipikanyaho ku manusa. Dina istilah kosmologis, jagat dibayangkeun minangka kontinuum rohangan wanci nu aya watesna atawa henteu aya watesna dina mana sakabéh matéri jeung énérgi aya. Sababaraha élmuwan merkirakeun yén jagat ieu mangrupa bagéan tina hiji sistim atawa loba deui jagat séjénna, nu disebut multijagat.
Kosmologi fisikal |
![]()
|
Jejer nu patali |
|
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/2f/Hubble_ultra_deep_field.jpg/640px-Hubble_ultra_deep_field.jpg)
- Artikel ieu nerangkeun jagat tina sawangan fiskal atawa émpirikal. Keur kagunaan séjén, tempo Jagat (disambiguasi).