Insinyur
From Wikipedia, the free encyclopedia
Insinyur nyaéta saurang nu kalatih atawa gawé dina rékayasa.[1] Insinyur maké téknologi, matématika, sarta pangaweruh saintifik pikeun ngajawab masalah-masalah téknis. Jalma nu gawé salaku insinyur biasana mibanda tingkat akademis (atawa pangalaman gawé) dina salah sahiji widang élmu rékayasa.[2]
- Pikeun the British rock band Engineers, tempo Engineers (band).
- Pikeun the Indian air marshal, tempo Aspy Engineer.
Insinyur jeung élmuwan sakapeung matak bingung jalma awam. ku kituna ditegeskeun yén élmuwan mah gawéna ngambahan alam sangkan bisa manggihan prinsip-prinsip umumna, sabalikna insinyur nerapkeun prinsip-prinsip nu diwawarkeun tina matématika jeung sains pikeun nyieun jawaban praktis tur ékonomis tina masalah-masalah téknis.[3][4] Cindekna, élmuwan diajar (ti alam), insinyur mah nyieun atawa ngabangun barang-barang. Pagawéan insinyur minangka panyambung antara pangabutuh sosial nu karasa jeung aplikasi komérsial. Insinyur nimbang-nimbang loba hal nalika ngamekarkeun hiji produk. Contona, nalika mekarkeun hiji robot industri (robot pikeun kaperluan industri), insinyur sacara présisi nangtukeun sakabéh kaperluan fungsina, ngarancang jeung nguji komponén-kompónenna; ngahijikeun komponén-komponén éta sangkan jadi rancangan ahir; sarta mariksa éféktivitas rancangan, biaya, katahanan, jeung kasalametanana. Prosés ieu tumerap nalika mekarkeun rupa-rupa produk, contona kimiawi, komputer, mesin, kapal udara, atawa cocooan.[4]
Salian ti ngarancang jeung ngamekarkeun, loba insinyur nu gawéna dina widang uji, produksi, atawa miara produk. Insinyur-insinyur ieu nempoan produksi di pabrik-pabrik, nangtukeun sabab-sabab kasalahan komponén, sarta nguji barang-barang nu diproduksi sangkan kualitasna kajamin. Maranéhanana ogé ngira-ngira waktu jeung ongkos pikeun méréskeun hiji proyék. Sababaraha urang ogé gawé dina widang manajemén rékayasa atawa aya ogé nu widang dagang. Nalika dagang, kasang tukang salaku insinyur aya gunana dina ngabahas aspék-aspék téknis sarta ngabantu dina ngarencanakeun produk, nginstalasi, sarta makéna. 'Insinyur pangawas' (Supervisory engineers) nganggung jawab bagian-bagian utama dina proyék.[4]
Insinyur maké komputer sacara éksténsif pikeun mroduksi jeung nganalisis rancangan; pikeun [simulasi|nyimulasikeun] sarta nguji kumaha gawé hiji mesin, struktur, atawa sistem; sarta pikeun narataskeun spésifikasi komponén. Loba insinyur ogé nu maké komputer pikeun ngawas kualitas produk jeung ngadalikeun éfisiénsi prosés.[4]