Iqro
From Wikipedia, the free encyclopedia
Iqro (Basa Arab: اقرأ; judul lengkap: Buku Iqro': Cara Cepat Belajar Membaca Al-Qur’an) nyaéta hiji buku anu dipaké ku kaom Muslim di Indonésia jeung Malaysia pikeun diajar maca aksara Arab. Buku ieu ditulis ku As'ad Humam gawé bareng jeung "Team Tadarus AMM", méméh taun 1990-an. Iqro dimaksudkeun jadi salah sahiji cara pikeun mitembeyan diajar maca Al-Qur'an, Iqro diajarkeun ka barudak TK nepika mimiti asup ka SD. Iqro ogé remen dipaké di sakola anu ngahususkeun manéh dina maca Al-Qur'an, kayaning pasantren, di tajug, jeung sakola anu diayakeun di imah (homeschooling) ngeunaan atikan agama.
Iqro | |
---|---|
Cover of Iqro.jpg | |
Panulis | As'ad Humam dan Team Tadarus AMM |
Judul asli | Buku Iqro': Cara Cepat Belajar Membaca Al-Qur’an |
Nagara | Indonesia |
Basa | Indonesia, Arab |
Rupa | buku teks agama |
Kaping dimedalkeun | awal 1990-an (edisi pertama) |
Ieu buku jeung sagala katangtuan di jerona, mangrupa hiji cara séjén dina diajar ngalarapkeun maca al-qur’an anu saméméhna disebut cara diajar "tradisional" atawa "Baghdadi". Dina Iqro cara diajar leuwih museurkeun kana ngaronjatkeun ka daék murid sangkan leuwih soson-soson dina diajar. Ieu buku dijieun dina genep jilid (Remen dikumpulkeun kabéhna jadi sabuku), unggal jilid ngawanohkeun hurup Arab jeung cara nyebutna kalayan rupa-rupa katangtuan anu mingkin luhur hambalan mingkin loba jeung hésé bahan anu diajarkeun. Jilid-jilid anu geus luhur mitembeyan ngawanohkeun tajwid atawa katangtuan anu kudu dilarapkeun sajeroning maca Al-Qur'an.