Inostrancevia nyaéta génus therapsida karnivora punah, ngandung anggota famili Gorgonopsidae panggedéna, prédator dicirian liwat sihungna nu siga huntu pedang. Rupa-rupa spésiés cicing di Rusia kalér salila Tatarium luhur (Vyatskium),[2] mangrupa tahap régional Rusia mirip sareng tahap Wuchiapingium tina periode Perm Ahir,[3] kira-kira 259 nepi ka 252,3 juta taun ka pengker. Sato ieu dipikanyaho tina sajumlah tangkorak jeung dua rorongkong nu ampir lengkep.[4]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Type species ...
Inostrancevia
Temporal range: Wuchiapingium, 259.0–252.3 Ma
Є
O
S
D
C
T
Pg
N
[1]
Є
O
S
D
C
T
Pg
N
Thumb
Pajangan rorongkong Inostrancevia alexandri
Thumb
Huntu Inostrancevia (luhur) dibandingkeun sareng huntu therapsida Leogorgon (handap)
Klasifikasi ilmiah e
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Klad: Therapsida
Kulawarga: Gorgonopsidae
Subfamili: Inostranceviinae
Génus: Inostrancevia
Amalitsky, 1922
Type species
Inostrancevia alexandri
Amalitsky, 1922
Spésiés
  • I. alexandri Amalitsky 1922
  • I. latifrons Pravoslavlev, 1927
  • I. uralensis Tatarinov 1984
Sinonim
  • Amalitzkia Pravoslavlev, 1927
Tutup

Katerangan

Thumb
Sakadang I. alexandri nyerang Scutosaurus

Spésiés Inostrancevia mangrupa Gorgonopsidae panggedéna nu dipikanyaho; Individu nu dipikanyaho gaduh panjang 3.5 m (11.5 ft) jeung tangkorak heureut panjang nu panjangna 60 cm (24 in). Sato ieu gaduh massa rata-rata 300 kg (661,3 lbs).

Siga sajumlah Gorgonopsidae lianna, Inostrancevia dicirian lewat sihung nu kuat, sareng caheum luhurna nu panjangna 15 cm (5.9 in), akar pakait sareng satengah panjangna. Tubuhna langsing, sareng sukuna leutik.[2] Dina habitatna Inostrancevia aya ogé Scutosaurus nu kamungkinan jadi mangsana.[2]

Étimologi

Inostrancevia dingaranan ku ahli paléontologi Rusia Vladimir P. Amalitsky[5] ngahargaan ahli géologi Rusia Aleksandr Inostrantsev.[6]

Pamanggihan

Thumb
Rorongkong Holotipe Inostrancevia alexandri

Fosil mimitina kapendak dina Sokolki Assemblage Zone ti Formasi Kutuluk jeung Salarevo di Oblast Arkangelsk[2] salaku bagian tina penggalian Walungan Dvina Kalér dipimpin ku Amalitsky nalika akhir abad ka-19. Dua rorongkong nu ampir lengkep kapendak sareng sésa-sésa rorongkong lianna, salah sahijina dipajang jeung dipamérkeun di Saint Petersburg di taun 1900 sareng lianna sababaraha taun ka hareup. Pedaran anu ditangtoskeun tina papanggihan diterbitkeun anumerta di 1922.[4][5]

Klasifikasi

Di handap mangrupa kladogram tina analisis filogenetik ku Gebauer (2007):[7]

Gorgonopsia 

Aloposaurus




Cyonosaurus




Aelurosaurus


Gorgonopsidae

Scylacognathus




Eoarctops



Gorgonops




Njalila




Lycaenops




Arctognathus




Inostrancevia


Rubidgeinae

Aelurognathus




Rubidgea




Sycosaurus



Clelandina














Referénsi

Tautan éksternal

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.