Inflasi nyaéta proses ngaronjatna harga sacara umum, anu nuluy sarta miboga hubungan jeung mékanisme pasar[1]. Inflasi bisa dilantarankeun ku sababaraha faktor, di antarana konsumsimasarakat anu ningkat, likuiditas anu teu saimbang, jeung prosés distribusi barang anu teu lancar[1]. Ékonomi hiji nagara bisa dianggap keur inflasi lamun harga di pasar tuluy naék, sarta silih mangaruhan jeung hal séjénna[1]. Pikeun ngukur laju inflasi, bisa ngagunakeun téhnik Indeks Harga Konsumen (IHK) jeung Deflator PDB[1].
Aya sababaraha faktor anu ngalantarankeun hiji nagara bisa inflasi, di antarana:
Demand pull inflation[2], dilantarankeun minatmasarakat ka hiji produk (barang jeung jasa) naék[2]. Ieu hal dibarengan ku fénoména likuiditas di pasar, jumlah paménta anu loba ngalantarankeun parobahan harga anu luhur[2]. Ieu hal ngalantarankeun faktor produksi ngilu jadi mahal[2].
Cost push inflation[2], dilantarankeun ngaronjatna biayaproduksi dina waktu anu geus ditangtukeun[2]. Faktor produksi anu hésé sarta distribusi teu lancar bisa ngakibatkeun inflasi[2].
Mixed inflation[2], nyaéta teu saimbangna jumlah paméta jeung jumlah produk anu ditawarkeun[2].
Aya sababaraha jenis inflasi nyaéta:
Dumasar harga
Inflasi ringan, kondisi naékna harga di handap 10% dina sataun[3].
Inflasi sedang, kondisi naékna harga antara 10% - 30% dina sataun[3].
Inflasi tidak terkendali, kondisi naékna harga di luhur 100% dina sataun[3].
Inflasi nutup, mangrupa naékna harga anu hubunganana jeung hiji produk atawa dua barang sacara husus[3].
Inflasi muka, naékna harga dina sakabéh barang sacara umum[3].
Hiperinflasi, mangrupa kaayaan harga barang atawa jasa tuluy barobah jeung naék unggal waktu[3].
Aya sababaraha solusi sangkan nagara teu kakurung ku inflasi. Éta solusi téh di antarana:
Kawijakan fiskal[4]. Inflasi bisa ditahan ku kawijakan fi[1]skal. Carana ku ngatur kaluar-asupna kabutuhan pamaréntah[4]. Ku cara hémat biaya keur pamaréntah, inflasi bisa ditahan, sarta bisa naékkeun tarif pajegrumah tangga jeung perusahaan[4].
Kawijakan monétér[4]. Ieu hal mangrupa léngkah anu dilakukeun pikeun ngajaga stabilna monétér[4]. Ieu kawijakan bakal ngaraharjakeun masarakat[4]. Carana ku ngawatesanan jumlah duit anu sumebar ka masarakat, naékkeun suku bunga, jeung ngalarapkeun kawijakan operasi pasar sacara transparan[4].
Ngaronjatkeun jumlah produksi jeung jumlah barang di pasar[4]. Netepkeun harga maksimum pikeun sababaraha jenis barang[4].
Aya sababaraha dampak tina inflasi, di antarana:
Mangaruhan kana kondisi masarakat[1]. dampak positifna bisa mekarkeun produksi sangkan ngaronjatkeun ékonomi masarakat[1]. Inflasi bisa jadi negatif lamun niléy duit anu ditarima teu robah, sedengkeun harga barang jeung jasa mingkinan naék[1].
Biaya ékspor nalika inflasi bakal naék[1]. Ieu hal bakal mangaruhan pikeun palaku ékspor. Kamampuh ékspor ti hiji nagara bakal ngurangan lantaran éléh saing ku nagara séjén[1]. Jumlah bati tina dévisa gé bakal ngilu turun[1].
Leungitna minat pikeun nabung, lantaran biaya administrasi anu naék lantaran inflasi[1].