From Wikipedia, the free encyclopedia
Huma nyaéta tempat melak paré di pasir, lain di sawah.[1] Pare anu dipelakna husus keur dipelak di darat. Taneuh huma dina masarakat tradisional Sunda biasana dikokolakeun salila hiji nepi ka tilu taun.[2] Sanggeus éta huma diingkeun jadi leuweung deui.[2] Dina prosés ieu, aya sawatara istilah, nyaéta reuma jeung leuweung.[2]
Ngahuma nyaéta hiji sistem/pola tatanén anu ngarobah leuweung jadi leuweung garapan, pikeun tujuan ngahasilkeun pangan anu utamana paré.[3] Prosés éta lumangsung sacara tuluy-tinuluy.[3] Dina sajarahna sistem/pola tatanén, ngahuma mangrupa hiji tahapan dina evolusi budaya manusa ti budaya moro sato ka budaya tatanén.[3] Ngahuma dipikawanoh saprak manusa nyurtian prosés alamiah tumuwuhna pepelakan.[3]
Lamun jumlah masarakatna saeutik, loba lahan nu can dimangpaatkeun,jadi tradisi ngahuma salaku pakasaban urang Sunda nu loba dilakonan.[2] Unggal geus panén di huma patani nyieun lahan anyar atawa ngagarap taneuh huma nu séjén nu geus balik deui ka asal, tapi kaayaan geus robah.[2] Jumlah masarakat beuki loba, pamukiman beuki parinuh loba lahan anu dibuka pikeun nyumponan kabutuhan piimaheun.[2] Ieu nu jadi masalah pikeun patani huma, ku sabab lahana nu beuki saeutik.[2] Sajaba ti éta kaayaan ayeuna mah loba karuksakan leuweung nu diakibatkeun tina lahan nu anyar.[2] Ngabukbak leuweung, muka taneuh garapan nu jadi ancaman lingkungan, sabab haseup nu ngebul jadi polusi pikeun masarakat nepi ka nagara tatangga.[2]
Masarakat Jawa Barat, hususna masarakat Sunda minangka masarakat pedalaman, geus mikawanoh sistem ngahuma saprak sawatara abad ka tukang, sahenteuna saprak jaman Neolitikum.[3] Ku alatan éta, masarakat Sunda di Jawa Barat mimitina nyaéta masarakat tatanén.[3] Saluyu jeung kamajuan jaman, dina hiji sisi pangaweruh manusa ngeunaan tatanén di wewengkon Jawa Barat, kajaba di Baduy, sistem ngahuma lila kalilaan leungit.[3]
Sistem ngahuma robah jadi sistem tatanén sérang sarta/atau tumpang sari.[3] Bukti anu nunjukkeun yén masarakat Sunda geus mikawanoh sistem ngahuma nyaéta dina naskah sunda anu nyaritakeun pakasaban sarta istilah anu dipaké dina tatanén, contona dina naskah Carita Parahyangan jeung wawacan Sulanjana.[4] Naskah Carita Parahyangan nyebutkeun lahirna lima urang titisan Panca Kusika, nyaéta Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, sarta Sang Wretikandajun. “... Sang Mangukuhan njieun manéh panghuma, Sang Karungkalah njieun manéh panggerek, Sangkatungmaralah njieun manéh panjadap, Sang Sandanggreba njieun manéh padagang”.[4]
Hartina:“... Sang Mangukuhan jadi tukang ngahuma , Sang Karungkalah jadi tukang moro , Sang Katungmaralah jadi tukang sadap (nu nyieun gula beureum ti nira enau), Sang Sandanggreba jadi tukang dagang”.[4] Ieu némbongkeun yén ngahuma, moro, jeung nyadap nyaéta jenis-jenis pakasaban sarta jadi kabiasaan masarakat Sunda dina jaman baheula[4]
Sacara umum, kagiatan ngahuma bisa dikelompokeun jadi 5 tahap, anu dina saban tahapannya sok dibiruyungan jeung upacara selamatan sangkan usaha tatanén teu nyanghareupan bangbalu atawa keuna ku hama.[2]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.