Hormon
From Wikipedia, the free encyclopedia
Hormon (Yun. horman - "sangkan ojah") hartina utusan kimiawi ti hiji sél (atawa sagolongan sél) ka sél lianna. Sakabéh organisme multisélular ngahasilkeun hormon (kaasup tutuwuhan - baca artikel fitohormon).
Hormon nu paling dipikawanoh ti bangsa sasatoan (jeung manusa) nyaéta nu dihasilkeun ku kelenjar éndokrin vertebrata, padahal hormon téh dihasilkeun ku ampir unggal sistim organ jeung jaringan. Molekul hormon disékrésikeun (dikaluarkeun) langsung kana aliran getih, cairan awak lianna, atawa kana jaringan anu tangtu. Pindahna ku cara sirkulasi atawa difusi ka sél targétna, nu bisa baé sél nu padeukeut/natangga (aksi parakrin) dina jaringan nu sarua atawa sél nu ayana di organ séjén. Fungsi hormon nyaéta salaku sinyal/iber ka sél targét; peta hormon ditangtukeun ku pola sékrési jeung transduksi sinyal jaringan nu nampana.
Hormon petana rupa-rupa, ngawengku stimulasi/pangrangsang atawa inhibisi/meungpeuk kamekaran, induksi atawa suprési apoptosis (program paéh sél), aktivasi atawa inhibisi sistim imun, régulasi/ngatur métabolisme jeung préparasi aktivitas anyar (misalna tarung, jalangan) atawa fase hirup (misalna pubertas, miara turunan, ménopause). Dina sababaraha kasus, hiji hormon bisa ngatur produksi jeung sékrési hormon séjén. Réspon kana sinyal hormon bisa digambarkeun salaku régulasi aktivitas métabolik hiji organ atawa jaringan. Hormon ogé ngatur daur réproduktif ampir sakabéh organisme multisélular.