![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/42/Cordyline_terminalis_dsc03651.jpg/640px-Cordyline_terminalis_dsc03651.jpg&w=640&q=50)
Hanjuang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Hanjuang (baca: 'hanyjuang') (Cordyline fruticosa) nyaéta tutuwuhan kembangan ti kulawarga Laxmanniaceae, saméméhna diasupkeun kana kulawarga Agavaceae, nu jangkungna bisa nepi ka 4 m, panjang daunna 30–60 cm, kalawan lébar 5–10 cm.[1] Kembangna semu konéng-beureum, nu gagangna panjang (40–60 cm), nu terus jadi buah laleutik kelir beureum. Ieu tutuwuhan téh pituin Asia Tenggara, Papua, Mélanésia, Australia kalér-ngétan, jeung sabagian Polinésia. Aya ogé di Hawai atawa Selandia Baru, tapi da beunang melak[2].[3]
Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Hanjuang | |
---|---|
![]() | |
Foliage | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | Asparagales |
Kulawarga: | Laxmanniaceae |
Génus: | Cordyline |
Spésiés: | C. fruticosa |
Ngaran binomial | |
Cordyline fruticosa (L.) A. Chev. | |
Tutup
Ku urang Sunda, ieu tutuwuhan sok dipelak di juru-juru wates tanah pikeun tanda, sedengkeun daunna sok dipaké mungkus rupa-rupa katuangan. Hasil panalungtikan nunjukkeun yén daun hanjuang boga watek antibaktéri[4].