From Wikipedia, the free encyclopedia
Hampelas; ficus ampelas nyaéta hiji tuwuhan ti genus Ficus, kulawarga Moracéae, anu jangkungna nepi ka 20 méter, tumuwuh di sakuliah Indonésia, sumebar dina padataran nu luhurna kurang ti 1.300 m luhureun beungeut laut.[1]
Tangkal hampelas | |
---|---|
Daun hampelas | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Spermatophyta |
Kelas: | Dicotyledoneae |
Ordo: | Urticales |
Kulawarga: | Moraceae |
Génus: | |
Spésiés: | F. ampelas |
Ngaran binomial | |
Ficus ampelas | |
Hampelas tangkalna bunder, tumuwuh ajeg sarta miboga dahan anu simpodial. Daunna tunggal, sulang-seling, lonjong, sarta sisina rérégéan. Tonggong daun hampelas téksturna kasar sarta lamun garing bisa dipaké ngagosok-gosok (ngahampelas) kai supaya lemes. Kembangna miboga panjang 5–7 mm, warna héjo semu cokelat, sarta bentuk kongkolak kembangna jiga corong. Sedengkeun sikina boga bentuk buleud sarta warnana bodas.[2]
Hampelas aya anu dibudidayakan alatan kaguna daunna pikeun ubar, aya ogé anu tumuwuh ku sorangan.
Cacai ti tuwuhan ieu bisa diinum, kapaké pikeun ngubaran jelema anu hésé ngaluarkeun cikiih sarta minangka ubar nyeri beuteung. Hampelas ngandung cacai nu warnana cokelat semu konéng sarta rasana lada. Cacai ieu bisa dibeunangkeun ku cara motong akar sarta caina diwadahan dina wadah leutik.
Daun, akar sarta tangkal hampelas ngandung saponin, flavonoida sarta polifenol.
Urang Sunda mindeng méré ngaran patempatan ku ngaran tuwuhan. Salah sahiji tempat anu dingaranan ku ngaran tuwuhan hampelas nyaéta:
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.