Hajar Aswad
From Wikipedia, the free encyclopedia
Hajar Aswad (Ar. الحجر الأسود) nu hartina Batu Hideung nyaéta hiji batu anu ceuk tradisi Islam diaku ku para Muslim salaku titinggal Nabi Ibrahim, sarta jauhna titinggal Nabi Adam. Ieu batu diperenahkeun di juru wétan Ka'bah, kabuyutan kuna kiblatna solat Muslim, di tengah-tengah Masjidil Haram di Mekah, Arab Saudi[1]. Diaméter ieu batu k.l. 30 cm, diperenahkeun 1,5 m luhureun taneuh[2]. Dina jaman panengah, ieu batu beulah, ku kituna kiwari dipigura (maké pérak).
Dina prakprakan Haji, jamaah disunatkeun nyium Hajar Aswad, sakumaha anu dicontokeun ku Nabi Muhammad[3]. Mun teu kahontal, jamaah cukup ku nunjuk dina unggal kuriling anu tujuh (towaf)[4].