From Wikipedia, the free encyclopedia
Gelap nyaéta sora kilat lantaran dina tapakna diadu hawa [1]. Gelap bisa muncul lantaran ayana béda poténsial muatan antara méga jeung bumi, atawa méga jeung banda séjénna. Muatan nu aya dina éta awan téh bisa aya ku sabab awan tuluy obah kalawan angger. [2]
Kabéh atawa sawaréh eusi ieu kaca perelu diwikifikasi kana standar kualitas Wikipédia. Baraya bisa mantuan ku cara nambahkeun tutumbu jero, atawa ngarapihkeun susunan artikel ieu. |
Salila dina robahna, éta méga téh bakal silih interaksi jeung awan séjénna nu antukna muatan négatif bakal ngumpul dina salah sahiji sisi. Sedengkeun muatan positif bakal ngumpul dina sisi sabalikna. Biasana ieu téh lumangsung saméméh méga nurunkeun hujan.
Awanna sorangan mangrupa mangyuta-yuta titik cai jeung és beku dina udara. Salila prosés interkasi, éta titik-titik cai téh tuluy keuna jeung awan séjénna anu keur robah deui jadi cai (kondésasi) ka luhur. Ieu pagedrugna titik-titik cai téh ngakibatkeun muatan négatif (éléktron) ragrag.
Éta éléktron téh ngumpul dina bagian handap anu méré muatan négatif jeung awan anu naék anu leungiteun éléktron, mawa muatan positif ka luhur.
Dina ieu undak, udara anu naék mibanda kamampuh pikeun mawa muatan positif ka awan bagian luhur. Ana bagian beku séjénna bakal ragrag ka bagian awan panghandapna atawa nuju kana taneuh. Kombinasi antara pagedrugna jeung bekuna téh nyababkeun ayana béda muatan anu pohara gedéna, jeung ngakibatkeun ayana samberan gelap.
Gelap leuwih sering aya dina usum hujan, lantaran dina ieu kaayaan udara ngandung kadar cai anu leuwih luhur. Antukna daya isolasina turun jeung arus leuwih gampang ngalir. Sabab aya awan anu muatanna négatif jeung muatanna positif. Ku kituna gelap ogé bisa muncul antar-awan anu béda muatanana [3].
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.