![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/92/Gallium_crystals.jpg/640px-Gallium_crystals.jpg&w=640&q=50)
Galium
From Wikipedia, the free encyclopedia
Galium nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang Ga jeung nomor atom 31.[1] Galium padet mangrupa logam kulawu kabulaoan anu miboga struktur kristal ortorombik, sedengkeun galium murni miboga warna kaperakan.[2] Galium wangunna padet dina suhu ruang, tapi siga mérkuri, cesium, jeung rubidium, bakal jadi cair mun saeutik dipanaskeun.[2] Galium padet kaitung lemes sangkan bisa dipotong ku péso.[2] Ieu unsur stabil dina udara jeung cai, tapi ngaréaksi sarta larut dina asam jeung basa.[2] Galium teu sayaga dina wangun murni di alam.[2] Galium sabenerna mah leuwih ngaleuya tinimbang timbal tapi leuwih hésé diaksés ku sabab teu kakonséntrasi seléktif dina mineral sahingga sumberanna kawilang lega.[2] Sawatara bijih logam siga bauksit ngandung sajumlah leutik galium.[2] Lian ti kitu, batubara ogé miboga kontén galium kawilang luhur.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/92/Gallium_crystals.jpg/640px-Gallium_crystals.jpg)