![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/1/19/Echinochloa_crus-galli01.jpg/640px-Echinochloa_crus-galli01.jpg&w=640&q=50)
Gagajahan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Gagajahan; (Echinochloa crus-galli); Barnyard grass nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Poaceae. Salaku jujukutan, gagajahan hirupna ngan sausum kalawan jangkung bisa nepika 2 méter.[1]
Gagajahan | |
---|---|
![]() | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae |
Divisi: | Tracheophytes |
Kelas: | Angiosperms |
Ordo: | Poales |
Kulawarga: | Poaceae |
Génus: | Echinochloa |
Spésiés: | crus-galli |
Sinonim | |
Panchax pictum Valenciennes, 1846 Daptar
|
Ieu jukut liar anu asalna ti wewengkon Asia baheulana digolongkeun kana kulawarga jukut panicum. Dina basa Inggris sok dipiwanoh oge ku cockspur atawa ( cockspur grass), barnyard millet, Japanese millet, water grass, common barnyard grass, atawa gampangna "barnyard grass" (nu bisa nujul kana sagala spésiés Echinochloa. Ieu jukut jangkungna bisa nepi ka 60" (1.5 m), dauna ipis panjang kawas daun paré mindeng katempo bungur palebah puhuna. Seuseueurna tangkalna nangtung, tapi sababaraha aya ogé anu ngampar dina taneuh. sikina ngumpul dina ranggeuyan anu ngawangun spikelet remen kelirna semu bungur, kalawan dibungkus kucangkang kawas paré.
Ieu jukut kagolongkeun kana gulma anu matak ngarugikeun kana tatanén, salian ngaganggu kana tutuwuhan paré hususna ogé bisa ngaleungitkeun nitrogén taneuh nepika 80%. Malahan jadi imah pikeun sababaraha hama atawa mosaic virus panyakit.[2] Bisa ngabalukarkeun karugian gedé tur matak méakeun modal dina tatanén.