From Wikipedia, the free encyclopedia
Féderasi Mikronésia (/ˌmaɪkroʊˈniːʒə/ ( dangukeun)) mangrupa hiji nagara kapuloan daulat, merdika, diwangun ti opat nagara bagian ti kulon ka wétan: Yap, Chuuk, Pohnpei, jeung Kosrae. Nagara ieu miboga kira-kira 607 pulo jeung aréa +700 km2 dina Samudra Pasifik Kulon.
Federated States of Micronesia Féderasi Mikronésia |
|||||
---|---|---|---|---|---|
Motto Peace Unity Liberty |
|||||
Lagu "Patriots of Micronesia" |
|||||
Ibu kota | Palikir | ||||
Kota panggedéna | Weno | ||||
Basa resmi | Inggris (nasional; basa wewengkon dipaké dina tingkat nagara bagian jeung kota) | ||||
Démonim | Micronesian | ||||
Pamaréntah | Républik féderasi démokratik présidénsial | ||||
- | Présidén | David W. Panuelo | |||
- | Wakil Présidén | Yosiwo P. George | |||
Kamerdikaan | |||||
- | ti AS (Wewengkon Trust) | 3 Nopémber 1986 | |||
Aréa | |||||
- | Total | 702 km² (ka-188) 271 mil² |
|||
- | Cai (%) | tiasa teu dipadulikeun | |||
Populasi | |||||
- | Perkiraan 2009 | 111.000[1] (ka-181) | |||
- | Sénsus 2000 | 107.000 | |||
- | Kapadetan | 158,1 /km² (ka-66) 409,6 /mil² |
|||
GDP (PPP) | Perkiraan 2009 | ||||
- | Total | $341 yuta (ka-176) | |||
- | Per kapita | $2.664 (ka-117) | |||
HDI (2010) | 0,614[2] (sedeng) (ka-103) | ||||
Mata uang | Dolar Amérika Sarikat (USD ) |
||||
Zona wanci | (UTC+10 jeung +11) | ||||
- | Usum panas (DST) | (UTC+10 jeung +11) | |||
TLD Internét | .fm | ||||
Kode telepon | +691 | ||||
1 | Dina asosiasi bébas jeung Amérika Sarikat. | ||||
2 | GDP ditambih ku dana bantosan, raratana kira-kira $100 juta per taun (pakiraan 2002). | ||||
3 | Pakiraan 2002. |
Opat nagara bagian dina féderasi nyaéta:
Nagara-nagara bagian teras dibagi deui kana kotamadya.
Féderasi Mikronésia miboga opat bandar udara internasional.
Populasi asli Féderasi Mikronésia, nu kalobaannana urang Mikronésia, diwangun ti rupa-rupa grup étnolinguistik. Chuuk 48.8%, Pohnpei 24.2%, Kosrae 6.2%, Yap 5.2%, kapuloan luar Yap 4.5%, Asia 1.8%, Polinésia 1.5%, nu lian 6.4%, teu kawanoh 1.4%. Minoritas nu lumayan gedé miboga ogé katurunan Jepang, nu mangrupa hasil campuran antara urang Jepang jeung Mikronésia nalika wayah panjajahan Jepang.[5]
Aya ogé populasi ékspatriat nu mekar di antarana urang Amérika, Australia, Éropa, jeung padumuk ti Cina jeung Pilipina ti wayah 1990. Basa Inggris geus jadi basa umum pamaréntah, jeung pikeun atikan sékundér jeung térsiér. Di luar kota utama ti opat nagara bagian, basa daérah dipaké sacara utama. Kamekaran populasi tetep luhur dina 3% per taun, rada disaimbangan ku émigrasi.
Saban opat nagara bagian miboga budaya jeung tradisina sosorangan, tapi aya ogé patalian budaya jeung ékonomi nu umum nu geus aya ti baheula. Contona, kamiripan budaya kawas kapentingan kulawaga nu kaluas tradisionalna jeung sistem klan bisa dipanggih dina sadaya kapuloan.
Kapuloan Yap katelah "uang batu"-na (Batu Rai), cakram gedé biasana ti kalsit, nepi ka 4 m diaméterna, kalawan lang di tengahna. Padumuk satempat, nyaho yén nu boga hiji, teu kudu dipindahkeun basa nu boga ganti. Aya lima jenis utama: Mmbul, Gaw, Ray, Yar, jeung Reng, nu panungtungna ngan 30 cm (12 in) diaméterna.
Basa-basa di Féderasi Mikronésia kaasup basa Inggris (basa resmi jeung umum), basa Truk, basa Pohnpei, basa Yap, basa Kosrae,[6] jeung aya sababaraha basa daérah.
Ngan aya saeutik panulis ti Féderasi Mikronésia.[7] Dina 2008, Emelihter Kihleng minangka warga nagara nu kahiji medalkeun hiji kumpulan puisi dina basa Inggris.[8]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.