Démokrasi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Démokrasi asalna tina Basa Yunani démokratia. Demos artina rahayat, sedengkeun kratia artina pamaréntahan. Nagara nu paham démokrasi, ngahormat kana hak pulitik warga negarana.[1] Maranéhna bébas pikeun ngébréhkeun pamadeganana.[1] Prakték démokrasi geus dijalankeun ku penduduk Athena, Yunani Kuna, kira-kira 2.500 taun ka tukang.[2] Dina waktu éta, sakumna rahayat ngariung pikeun netepkeun undang-undang pikeun warga dayeuh maranéhanana.[2] Tapi, alatan kamekaran jumlah penduduk anu kitu gancang nambahan, palaksanaan démokrasi ayeuna nyaéta ngaliwatan wawakil.[2] Rahayat milih wawakilna pikeun nyieun kaputusan luhur ngaran maranéhanana.[2] Dina nagara démokratis, kabéh warga mibanda hak partisipasi dina pamaréntahan.[2] Di Indonésia contona, warga anu geus umurna 17 taun atawa kungsi nikah bisa milu dina pemilihan umum (pemilu) pikeun milih présidén sarta wawakil présidénna, anggota DPR minangka wawakilna di pamaréntah puseur, sarta anggota DPRD di pamaréntahan wewengkon.