From Wikipedia, the free encyclopedia
Duit kertas nyaéta pakakas transaksi anu dijieunna tina kertas[1]. Duit kertas ngan miboga niléy nominal jeung niléy tukeur anu luhur. Duit kertas dijieunna lain tina kertas biasa, lantaran kertas biasa mah teu awét, jeung gampang ruksak[1]. Duit kertas dijieunna tina bahan kapas[1]. Bahanna masih kénéh diimpor ti Inggris, Prancis, Jérman, atawa Walanda lengkep jeung tanda atawa kode anu sifatna rahasia[1].
Duit kertas jaman baheula pernah dijieunna tina bahan polimér atawa plastik keur nominal Rp. 50.000 jeung Rp. 100.000 ditaun 1999[1]. Prosés nyitak duit kertas anu ngagunakeun bahan polimér dilakukeun di Australia[1], lantaran lokasina deukeut jeung Indonésia[1]. Harita Indonésia can boga pakakas pikeun nyitak duit sorangan[1].
Duit kertas mimiti digunakeun ku bangsa Cina[2]. Ieu jenis duit dipaké salila pamaréntahan Dinasti Tang di taun 618-907[2]. Dina éta zaman, kabutuhan pikeun duit logam mingkin loba, luyu jeung kabutuhan masarakat. Tapi, lantaran duit logam hésé nalika dibawa dina jumlah anu gedé, urang Cina narima kertas anu nominalna sarua jeung jumlah duit logam[2].
Di ahir periode Dinasti Tang, padagang loba anu nyimpen jeung nukeurkeun harta bandana[2]. Gagantina, para padagang narima catetan jumlah banda anu disebut Hequan[2]. Tina hequan tuluy mekar jadi duit kertas nepi ka kiwari[2].
Masarakat Cina ngamimitian ngagunakeun duit kertas salila 5 abad saméméh bangsa Éropa ngilu ngaadaptasi di abad ka-17[2]. Duit kertas mingkin mekar sadunya, sarta dipikawanoh ku masarakat. Produksi duit kertas mingkinan loba, nepi ka niléy duitna jadi nurun anu ngalantarankeun inflasi[2]. Akibatna Cina teu ngagunakeun duit kertas deui di taun 1455[2]. Sanggeus sababaraha ratus taun, kakara Cina ngagunakeun deui duit kertas[2].
Duit kertas mimiti dipikawanoh ku sebutan Jiaozi[3]. Jiaozi kapanggih di daratan Cina taun 997 maséhi[3]. Harita duit kertas mindeng disebut uang terbang[3]. Éta duit digunakeun ku para padagang anu beunghar jeung para pajabat pamaréntahan Dinasti Tang[3]. Uang terbang mangrupa dokumén anu sarua jeung wésel bank dina mangsa kiwari[3].
Cara gawéna, masarakat nyetor duit ka pajabat pamaréntahan, gantina dibéré kwitansi kertas[3]. Éta kwitansi bisa digunakeun pikeun nebus duit anu sarua di tempat séjén. Uang terbang teu bisa diganti pikeun individu, sarta teu disadiakeun pikeun masarakat umum[3].
Nalika Dinasti Tang manggung, para pajabat jeung padagang mulai ninggalkeun koin logam anu beurat ka jalma anu geus ditunjuk ku pamaréntahan tur bisa dipercaya[3]. Éta jalma pancénna nyatet sakumaha loba éta duit disimpen di padagan di salambar kertas[3].
Éta kertas bisa digunakeun pikeun transaksi dagang jeung meuli barang[3]. Éta kertas bisa ditukeur ka agén anu dipercaya, tuluy ditukerkeun kana koin logam. Éta kertas mangpaat pisan lantaran mampuh nyieun transaksi jadi leuwih basajan[3].
Duit terbang éta disebut jiaozi, dicitak ku kelompok padagang di Sichuan dina pamaréntahan Kaisar Zhenzong taun 997-1010 M[3]. Masalah muncul nalika aya instilas inflasi jeung aya sababaraha jalma anu malsukeun jiaozi[3].
Jiaozi digantikeun ku catetan anu dingaranan Huizi[3]. Pamaréntah nyitak sacara pribadi catetan Huizi. Unggal catetan miboga ukuran kira-kira sagedé kertas A4 sarta dicitak tina wilahan tambaga[3]. Desainna pinuh ku adegan pastoral jeung gambar-gambar koin[3].
Dina citakakanana aya anceman pikeun pamalsu Huizi di handapna[3]. Catetan dicitak sarta dihias ku tulisan leungeun jeung perangko ngagunakeun tinta warna beureum[3]. Arkéolog mung manggihan hiji conto plat citak urut produksi Huizi taun 1023[3].
Aya sababaraha koonjoyan tina duit kertas di antarana:
Aya sababaraha kahéngkéran duit kertas di antarana:
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.