Comro
katuangan ti Bandung / From Wikipedia, the free encyclopedia
Comro nyaéta kadaharan has Sunda ti Jawa Kulon.[1] Comro salasahiji tina loba kadaharan Sunda nu meunang ngaran tina wancahan bahan dasar nu.[1] Comro téh mangrupa wancahan tina oncom di jero.[1] Comro dijieun ku cara ngagoréng parud sampeu nu di jerona dieusian ku sambel oncom. Bentukna bisa buleud bisa lonjong. [2] Kadaharan ieu leuwih ngeunah didahar lamun masih haneut kénéh.[1] Mun geus tiis mah sok rada teuas, gaaleun téa.[1]