Charlie Chaplin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sir Charles Spencer Chaplin, Jr. KBE (gumelar di East Street, Walworth, London, 16 April 1889 – maot di Vevey, Swiss, Swiss, 25 Désémber 1977 dina umur 88 taun), atawa Charlie Chaplin, nyaéta aktor komedi Inggris anu mangrupa salah sahiji aktor film anu kawentar dina sajarah Hollywood di éra film hideung bodas, sakaligus sutradara film anu sukses.[1] Aktingna di layar osok ngajadikeun Charlie Chaplin sabagé salah sahiji artis pantomim jeung badut anu pang hadéna anu mineng dijadikeun pieunteungeun keur seniman di widang anu sarua.[1]
Chaplin nyaéta salah sahiji tokoh paling berpengaruh jeung paling kréatif di éra film bisu.[1] Dina film-filmna, Chaplin dikenal osok ngarangkep-rangkep, ngawitan ti peran utama, sutradara, nu nulis naskah, nepi ka anu ngeusi ilustrasi musik.[1]