From Wikipedia, the free encyclopedia
Charles Darwin (1809-1882) nyaéta élmuwan anu kasohor ku tiori kontrovérsial, tiori évolusi anu ditulisna dina buku the origin of species[1][2]. Charles Darwin nyaéta incuna Erasmus Darwin, dokter katut filsuf anu kasohor, manéhna dianggap pelopor élmu biologi modéren, awalna Darwin maluruh ngeunaan sajarah alam Dunya ngaliwatan élmu kadokteran jeung téologi[1]. Charles Darwin gumelar ti pasangan Robert (dokter masarakat kelas luhur) jeung Susannah tanggal 12 Désémber 1809 di kota Shrewsbury, Shropshire, Inggris[1][2].
Charles Darwin jadi penjelajah dunya salila 5 taun maké kapan HMS Béagle pikeun nalungtik spésiés-spésiés nu aya di Dunya, ieu lalampahan dimulai taun 1831 nalika umurna 20 taun[1][2]. Rute pelayaranna nyaéta basisir Amérika Kidul, kapuloan Galapagos, pulo-pulo pasifik, samudra Hindia, sarta samudra Atlantik[1][2]. Sabada ngalaksamakeun panalungtikan anu cukup lila, Darwin nyindekkeun yén mahluk hirup ngalaman parobahan dina sajarah Dunya, numutkeun manéhna, mahluk hirup nu ayeuna aya téh mangrupa hasil seléksi alam[1]. Tiori évolusi Darwin diterbitkeun taun 1859, Darwin nétélakeun yén manusa téh mangrupa hasil évolusi tina monyét, tangtu baé ieu tiori téh patukangtonggong jeung téologi agama[1]. Charles Darwin maot tanggal 19 April 1882, Darwin dimakamkeun di gigireun Sir Isaac Newton di Westminster Abbey[1][2].
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.