Cendrawasih
From Wikipedia, the free encyclopedia
Manuk Cenderawasih atawa anu disebut ku jalma deungeun mah kalayan ngaran Bird of Paradise, mangrupa manuk has Papua. Buluna éndah, utamana aya dina cendrawasih jalu. Umumna bulu pohara cerah kalayan kombinasi hideung, coklat kabeureum-beureuman, orén, konéng, bodas, biru, héjo, sarta bungur.[1]
Manuk Cendrawasih | |
---|---|
![]() | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Animalia |
Filum: | |
Kelas: | Aves |
Ordo: | |
Kulawarga: | Paradisaeidae |
Ukuran manuk Cenderawasih rupa-rupa. Aya anu ukuranana 15 cm kalayan beurat 50 gram kawas dina jenis Cendrawasih Raja (Cicinnurus regius), nepi ka anu ukuranana sagedé 110 cm Cendrawasih Pamatuk Sabit Hideung (Epimachus albertisi) atawa anu beuratna ngahontal 430 gram kawas dina Cendrawasih Manukod Jambul-bergulung (Manucodia comrii).[1] Ku masarakat Papua, manuk cendrawasih dipercaya minangka titisan bidadari ti surga. Bulu cendrawasih ieu dipaké ku masarakat di Papua dina pakéan sarta adat maranéhanana, sarta sawatara abad anu tuluy bulu éta penting pikeun dijieun topi wanoja di Éropa.[1]