Bulimia nervosa atawa bulimia nyaéta salah sahiji jenis gangguan pola dahar anu serius jeung bisa ngancam jiwa.[1] Bulimia mangrupa basa Latin tina hiji kecap Yunaniboulimia, anu hartina “extreme hunger” atawa lapar anu kacida pisan.[2] Nu boga ieu panyakit biasana ngajaga beurat awak ku cara henteu dahar atawa dahar dina porsi anu saeutik, tuluy dahar dina porsi anu loba pisan, tuluy ngaluarkeun deui éta dahareun tina awak ku cara ngautahkeunana sacara paksa atawa ngagunakeun obat pencahar.[1]
Ieu cara dilakukeun ku pengidap bulimia keur ngaleungitkeun kalori anu loba teuing dikonsumsi sangkan beurat awak jeung wangun awakna terus kajaga.[1] Ieu gangguan méntal bisa patali jeung rasa minder anu ékstrim, kacanduan alkohol, déprési, sarta kecenderungan menyakiti diri sorangan.[1]
Saperti gangguan pola dahar lianna, bulimia leuwih mindeng dialaman ku awéwé.[1] Dumasar hasil panalungtikan, kurang leuwih aya 8 urang tina 100 awéwé anu ngidap ieu kelainan.[1] Sabagéan gedé dialaman ku awéwé anu umurna 16-40 taun.[1] Rata-rata ieu gangguan mimiti karasa dina umur 18-19 taunan.[1]
Aya dua tipe pengidap bulimia nyaéta:
tipe anu ngutahkeun deui dahareun sanggeus seubeuh.[2] Dilakukeun ku cara ngasupkeun curuk atawa ramo kana tikoro, atawa ku cara ngagunakeun ubar saperti ubar pencahar tujuanana sangkan dahareun henteu kaburu dicerna ku awak nepi ka henteu nambahan beurat awak.[2]
Pengidap bulimia anu olahraga kaleuleuwihan sanggeus dahar.[2] Tujuanana sangkan énergi nu dihasilkeun tina kadaharan bisa langsung béak.[2]
Anu nyababkeun bulimia can dipikanyaho sacara pasti tapi aya loba faktor anu bisa ngaronjatkeun résiko hiji jalma miboga ieu kelainan.[1] Faktor-faktorna di antarana ngawengku:
jenis kelamin.[1] Bulimia leuwih sering dialaman ku awéwé daripada lalaki.[1]
Masalah psikologis.[1] Gangguan psikologis nu dimaksud misalna ngarasa rendah diri, déprési, strés, perféksionismeu, gangguan strés pascatrauma (PTSD) jeung gangguan obsésif komplusif (OCD).[1][2]
Umur dina masa pubertas.[1][2] Bulimia biasana nyerang rumaja nepi ka déwasa jeung rata-rata mimiti mekar dina umur 18-19 taun.[1]
Faktor turunan.[1] Lamun aya anggota kulawarga inti (dulur teges atawa kolot) anu ngidap bulimia, bakal miboga résiko anu leuwih gedé keur ngalaman kelainan anu sarua.[1]
Tuntutan sosial.[1] Misalna rumaja sering ngarasa kudu nurunkeun beurat awak lantaran pangaruh babaturanana, lingkungan, budaya anu nungtut kana penampilan fisik jeung média massa.[1][2]
Tuntutan profési.[1] Contona modél kudu ngajaga pola dahar sangkan tetep langsing atawa atlét anu kudu ngajaga beurat awak.[1]