![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/81/NileCrocodile.jpg/640px-NileCrocodile.jpg&w=640&q=50)
Buhaya
From Wikipedia, the free encyclopedia
Buhaya (ᮘᮥᮠᮚ) atawa buaya téh sebutan pikeun sakabéh spésiés sato anggota kulawarga Crocodylidae (kadang digolongkeun salaku subfamili Crocodylinae).
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/b2/Crocodylidae_Distribution.png/640px-Crocodylidae_Distribution.png)
Buhaya, ᮘᮥᮠᮚ | |
---|---|
![]() | |
Buhaya Nil | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | Crocodylidae Cuvier, 1807 |
Genera | |
Crocodylus |
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/4d/Crocadiles.jpg/640px-Crocadiles.jpg)
Buhaya mangrupa réptil cai badag nu hirup di wewengkon tropis di Aprika, Asia, Amérika, jeung Australia. Buhaya biasana ngumpul di walungan jeung situ nu caina teu motah, kahakananana mangrupa mamalia naon baé, atawa bangkéna, jeung lauk. Aya sababaraha spésiés, misalna Buhaya Laut Australia jeung kapuloan Pasipik, kawentar sok ngojay rada jauh ka tengah laut. Buhaya ieu mangrupa turunan buhaya kuna, sarta obahna ukur saeutik ti mangsa dinosaurus.
Spésiés buhaya nu badag bisa ngabahyakeun manusa. Buhaya Laut jeung Buhaya Nil dianggap pangbahyana, sabab geus nelasan ratusan jalma di Asia Tenggara jeung Aprika unggal taunna. Nu ogé bahya pikeun manusa, nyaéta Aligator Amérika jeung Black Caiman.