From Wikipedia, the free encyclopedia
Boron nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang B jeung nomor atom 5.[1] Boron mangrupa unsur non-logam jeung mangrupa hiji-hijina non-logam tina kelompok 13 tabél périodik unsur.[2] Boron aya dina kondisi kakurangan éléktron ku sabab miboga p-orbital kosong.[2] Ieu unsur miboga sawatara bentuk, nu pangilaharna mah nyaéta boron amorf dina wangun bubuk lestreng, teu réaktif kana oksigen, cai, asam jeung basa.[2] Boron ngaréaksi jeung logam pikeun ngawangun borida.[2] Dina suhu kamar, boron mangrupa konduktor listrik anu goréng tapi mangrupa konduktor anu hadé dina suhu luhur.[2] Sanyawa nu pangékonomisna sarta nu penting tina boron nyaéta natrium tetraborat dekahidrat (Na2B4O7 • 10H2O), atawa boraks téa.[2]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.