From Wikipedia, the free encyclopedia
Blackberry salah sahiji mérek hp (telepon keupeul) anu tadina dirancang husus pikeun komunikasi ''email''.[1] Blackberry dijieun ku RIM atawa Research in Motion. Blackbbery miboga jaringan wireless atawa nirkabel bisa pikeun ngaksés email atawa ngalakukeun kagiatan séjéna saperti browsing atawa nelepon.[1]
Mimiti usahana mah usaha leutik klayan modal hasil nginjeum, RIM mekar jadi usaha anu dipikareueus tur dipikahormat di Kanada.[2] Suksésna ieu usaha anu nagarana Research In Motion Ltd, mimitina tina kahayang saurang pamuda anu di drop out ti kampusna nyaéta Universitas Waterloo jurusan teknik elektro.[2] Ngaranan Mike Lazardis urang Yunani anu imigrasi ti Turki ka Kanada dina taun 1967.[2] Lazardis miboga injeuman modal usaha ti babaturan jeun kulawarga.[2] RIM suksés kalayan panghasilana $1 juta jeung miboga 12 urang karyawan.[2] Mimitina RIM kairut ku perangkat digital nirkabel nalika narima kontrak ti Roger Cantel Mobile Comminications, operator pager jeung telepon seluler taun 1987.[2] Dina kontrakna, RIM miboga tugas néangan kamampuh tina sistim jaringan digital nirkabel anyar anu bakal diwanohkeun ku Ericsson.[2] Satuluyna hasil nyieun modem radio nirkabel anu ukurana leutik.[2] Taun 1990, modem buatanna loba dipaké ku perusahaan OEM pikeun sababaraha produk tina komputer nepi ka mesin otomatis.[2] Mimitina blackberry rék dingaranan POCKET LINK ku sabab aya pikiran éta ngaran kaasup fungsional tapi nyatana ngaran éta matak bosen, nepi ka asalna rék dingaranan strawberry tapi teu jadi, nyatana hapé éta téh dingaranan blackberry.[3] Mimitina blackberry asup ka pasaran anu leuwih museurkeun kana layanan e-mail gegas.[3] Mimitina mah perangkat BlackBerry ngan miboga layar monokrom, tapi ayeuna mah sakabéh modél geus miboga tampilan anu layar warna.[3]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.