![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/8d/American_bison_k5680-1.jpg/640px-American_bison_k5680-1.jpg&w=640&q=50)
Bison
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bison nyaéta sato anu kaasup kana mamalia anu mibanda kuku panceg atawa jangkep. Manéhna mangrupa genus Bison tina sabagian kulawarga Bovinae jeung kulawarga Bovidae. Bison cicing di bagian kalér bumi. Bison Amerika cicingna di Amérika kalér. Hirupna nepika umur 20 taun. Dina waktu dilahirkeun teu bogaeun tanduk.[1]
Bison | |
---|---|
![]() | |
Bison Amerika | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | Artiodactyla |
Kulawarga: | Bovidae |
Subfamili: | Bovinae |
Génus: | Bison Hamilton Smith, 1827 |
Species | |
†B. antiquus |
Bison salah sahiji sato panggedéna di darat anu ayana ngan wungkul di Amérika jeung Éropa. Di Amérika, bison biasana netep di landeuh susukan jeung dataran jujukutan atawa tegalan sarta daérah anu loba rungkun tutuwuhan sabab kadaharanna jujukutan jeung tutuwuhan anu ngarungkun.[2]
Sedengkeun bison Éropa lolobana hirup di leuweung anu teu pati kékép ku tutuwuhan, Ogé di dataran anu loba rungkun tutuwuhan. [2]Bison salah sahiji sato mamalia mibanda tanduk hirupna ngumpul jeung padabaturna, sanajan henteu jiga sato anu séjénna, kumpulan jalu papisah jeung bison bikang. Papangihna engké lamun geus datang usum kawin.
Dina taun 1800-an bison Amérika ditétélakeun tumpur kahirupana, ku sabab jumlahna kacida ngurangan alatan diboro ku manusa katambah kaséréd tempat hirupna alatan pangwangunan. Antukna sababara urang peternak mitembeyan ngingu bison sangkan baranahan anu hasilna nepi ka kiwari jumlah bison bisa kaluar tina katumpuran sanajan kitu ogé aya sabaraha rupa bison teu kapuluk nepikeun ka tumpurna.[3]