![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/2d/Bheeshma_oath_by_RRV.jpg/640px-Bheeshma_oath_by_RRV.jpg&w=640&q=50)
Bisma
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bisma (basa Sansakerta: भीष्म, Bhīshma) lahir kalayan ngaran Déwabrata (Basa Sansakerta: देवव्रत, Dévavrata), nyaéta salah sahiji inohong utama dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anak ti pasangan Prabu Santanu jeung Dewi Gangga. Manéhna ogé mangrupa aki ti Pandawa jeung Kurawa. Sawaktu ngora ngaran manéhna téh Déwabrata, tapi diganti jadi Bisma saprak manéhna sumpah moal kawin saumur hirup. Bisma ahli dina sagala rupa peperangan sarta pohara dipikaajrih ku Pandawa sarta Kurawa. Manéhna gugur dina hiji perang rongkah di tegal Kurusetra ku panah anu dileupaskeun ku Srikandi kalayan bantuan Arjuna. Tapi manéhna henteu langsung perlaya waktu harita; manéhna sempet hirup salila sawatara poé sarta nyaksian kaancuran para Kurawa. Manéhna ngaleupaskeun nafas panungtungan waktu panonpoé aya di kalér (Uttarayana).
Artikel ieu teu boga rujukan sumber nu bisa dipercaya jadi eusina teu bisa divérifikasi. Pitulung ngabenerkeun artikel ieu kalawan nambihkeun rujukan nu bener. Artikel nu teu bisa divérifikasi bisa dihupus ku Kuncén. |
Bisma | |
![]() Bisma (katuhu) sumpah moal rék kawin saumur hirupna. Lukisan karya Raja Ravi Varma. | |
Déwanagari: | भीष्म; देवव्रत |
Éjahan Sansakerta: | Bhīshma; Dévavrata |
Ngaran séjén: | Déwabrata |
Asal: | Astinapura, Karajaan Kuru |
Lol