Basa Sangsekerta
From Wikipedia, the free encyclopedia
Basa Sangsakerta nyaéta salah sahiji basa Indo-éropah nu pangkolotna anu masih dipikawanoh sarta sajarahna kaasup anu pangpanjangna. Basa anu bisa nandingan 'umur' basa ieu ti rungkun basa Indo-éropah ngan basa Hitit. Kecap Sangsakerta, dina basa Sangsakerta Saṃskṛtabhāsa hartina nyaéta basa anu sampurna. Maksudna, kabalikan tina basa Prakerta, atawa basa rahayat.
Basa Sangsakerta (Samskrtavāk / संस्कृतम्) | |
---|---|
Dipaké di: | Asia |
Wewengkon: | India jeung sawatara wewengkon séjénna di Asia Kidul sarta Asia Tenggara |
Jumlah pamaké: | 6.106 (sénsus 1981). 194.433 pamaké basa kadua (sénsus 1961) |
Urutan ka: | henteu dina 100 panggedéna |
Klasifikasi rungkun basa: | Indo-éropah Indo-Iran |
Status resmi | |
Basa resmi di: | India |
Diatur ku: | teu aya |
Sandi basa | |
ISO 639-1 | sa |
ISO 639-2 | san |
ISO 639-3 | {{{iso3}}} |
SIL | SKT |
Tempo ogé: Basa - Daptar basa |
Basa Sangsakerta mangrupa hiji basa klasik India, hiji basa liturgis dina ageman Hindu, Buda, jeung Jainisme sarta salah sahiji ti 23 basa resmi India. Basa ieu ogé ngabogaan status anu sarua di Népal.
Posisina dina kabudayaan Asia Kidul jeung Asia Tenggara saperti posisi basa Latén jeung Yunani di Éropah. Basa Sangsakerta mekar jadi réa basa-basa modéren di anakbenua India. Basa ieu mecenghul dina wangun pra-klasik minangka basa Wéda. Anu kaeusi dina kitab Rgweda mangrupa fase anu pangkolotna sarta paling buhun. Basa ieu ditulis munggaran dina waktu kurang leuwih 1700 SM sarta basa Sangsakerta Wéda nyaéta basa Indo-arya anu pangkolotna dipanggihan sarta salah sahiji anggota rungkun basa Indo-éropah anu pangkolotna.
Hasanah sastra Sanskerta ngawengku puisi anu ngabogaan hiji talari anu beunghar, drama sarta ogé teks-teks ilmiah, téknis, falsafi, sarta agamis. Ayeuna basa Sansekerta masih tetep dipaké sacara lega minangka hiji basa sérémonial dina upacara-upacara Hindu dina wangun stotra sarta mantra. Basa Sanskerta anu diucapkan masih dipaké dina sawatara lembaga tradisional di India sarta komo aya sawatara usaha pikeun ngahirupkeun balik basa Sanskerta.
Anu baris diomongkeun di artikel ieu téh basa Sanskerta Klasik kawas diulas dina tatabahasa Sansekerta karangan Panini, dina kira-kira taun 500 SM.