Bisbul
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bisbul atawa bisbol Diospyros blancoi A. DC; velvet apple, nyaéta hiji tangkal anu asalna tina genus Diospyros, kulawarga Ebenaceae.[1] Ieu tangkal aslina ti Pilipina, di ieu nagara tangkal bisbul kapanggih hirup liar di leuweung-leuweung, ogé henteu saeutik anu ngahaja dipelak di buruan imah jeung kantor.[2] Sagigireun pikeun pangiuh-iuh jeung papaés ogé dimangpaatkeun buahna, kiwari ieu tangkal geus nyebar ka sababaraha nagara kaasup ka nagara urang.[3]
Tempo ogé: Bisbol. |
Bisbul | |
---|---|
Gambar tangkal bisbul | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta |
Kelas: | |
Ordo: | Ericales |
Kulawarga: | Ebenaceae |
Génus: | Diospyros |
Spésiés: | D. blancoi |
Ngaran binomial | |
Diospyros blancoi A.DC. | |
Buah bisbul sok disebut ogé buah mantéga atawa buah lemak ceuh urang malaysia mah, ieu dumasar kana daging buahna anu geus asak sok katempo kawas mantéga.[2] Urang Jawa nyebutna buah sembolo, dina basa Tagalog disebutna mabolo atawa tabang (ku lantaran kulit buahna anu buluan), urang Thailand nyebutna buah marit.[4]
Tangkal Bisbul jangkungna bisa nepika 10-30 m, Tapi anu loba kapanggih hidup mah jangkungna ngan nepika 15 méter malahan mah sahandapeunnana.[5] Tangkalna lempeng ka luhur, buleudan puhu tangkalna bisa leuwih ti 50 cm, dahan-dahan anu bijil tina tangkal katempo datar aya sabaraha umpak ka luhur nepika pucukna.[1] Pareng disawang ti ka jauhan mah ieu tangkal katempo nyongclot ka luhur.[5]