Basa Latén
From Wikipedia, the free encyclopedia
Basa Latin atawa Latén baheulana mangrupa basa asli nu dipaké di wewengkon sabudeureun Roma nu disebut Latium. Boga pangaruh gedé nalika jadi basa formal Karajaan Romawi.
Basa Latén (Latina) | |
---|---|
Dipaké di: | Karajaan Romawi |
Wewengkon: | Bojong Itali |
Jumlah pamaké: | |
Urutan ka: | |
Klasifikasi rungkun basa: | Indo-Éropa Italik |
Status resmi | |
Basa resmi di: | Kota Vatican |
Diatur ku: | - |
Sandi basa | |
ISO 639-1 | la |
ISO 639-2 | lat |
ISO 639-3 | |
SIL | LTN |
Tempo ogé: Basa - Daptar basa |
Sadaya Basa Romawi diturunkeun tina basa Latin, sarta loba kekecapan nu asalna tina kecap Latin kapanggih ogé dina basa-basa modérn séjénna kayaning basa Inggris. Leuwih ti éta, di dunya Kulon, basa Latin geus jadi lingua franca, basa nu diteuleuman sarta dilarapkeun pikeun kaperluan ilmiah sarta pulitik, salila leuwih ti sarébu taun, nu kalindih ku basa Prancis dina abad ka-18 sarta basa Inggris ahir abad ka-19. Kiwari jadi basa resmi Garéja Katolik Roma, kaasup salaku basa resmi nasional Kota Vatikan. Basa Latin ogé masih dipaké, bareng jeung basa Yunani, pikeun nangtukeun ngaran nu dipaké dina klasifikasi ilmiah mahluk hirup.