![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/5/58/WoolpitSign.jpg/640px-WoolpitSign.jpg&w=640&q=50)
Barudak Héjo ti Woolpit
carita rahayat urang Inggris / From Wikipedia, the free encyclopedia
Barudak nu kulitna héjo dicaritakeun muncul di Woolpit di Suffolk, Inggris, kira-kira abad ka-12, kamungkinan dina jaman pamaréntahan Raja Stephen. Barudak éta, lalaki jeung awéwé, ilaharna biasa iwal kulitna nu warnana héjo. Maranéhna ngomong dina basa nu heunteu kanyahoan, sarta hakaneunna ngan kacang héjo.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/5/58/WoolpitSign.jpg/320px-WoolpitSign.jpg)
Antukna maranéhna bisa ngahakan hakaneun lianna jeung warna héjo kulitna ngaleungit, tapi si budak nu lalakina matak gering tuluy maot teu lila sanggeus maranéhna dibaptis. Ari nu awéwé dianggap "rada bébas jeung teu bener kalakuanana."[2] Sanggeus manéha diajar Basa Inggris, manéhna nerangkeun yén inyana téh jeung sadulurna éta asalna ti Nagri St Martin, dunya handap taneuh nu pangeusina warnana héjo.
Catetan nu rada kontémporér ngan aya dina Chronicum Anglicanum beunangna Ralph ti Coggeshall jeung Historia rerum Anglicarum beunangna William ti Newburgh, masing-masingna ditulis kira-kira taun 1189 jeung 1220. antara jaman éta jeung jeung dipanggihna deui carita éta dina patengahan abad ka-19, barudak héjo nu katinggalna ngan muncul dina karya Uskup Francis Godwin, The Man in the Moone, nu nyaritakeun catetan William ti Newburgh.[3]
Dua pangdeukeutan geus ngadominasi katerangan ngeunaan carita barudak héjo: yén éta téh mangrupa carita rahayat nu ngagambarkeun panglawungan khayalan jeung pangeusi ti dunya lian, kamungkinan ti handap taneuh atawa ti luar angkasa, atawa éta mangrupa carita kajadian sajarah nu diputerbalikkeun. Carita éta diakuan salaku carita fantasi idéal ku bujangga anarkis jeung kritikus Herbert Read dina karyana, English Prose Style, medal taun 1931. Carita éta méré inspirasi dina sahiji-hijina novel karyana, The Green Child, ditulis taun 1934.