![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/0/01/Dead_Javan_Rhino.jpg/640px-Dead_Javan_Rhino.jpg&w=640&q=50)
Badak sunda
From Wikipedia, the free encyclopedia
Badak sunda (Rhinoceros sondaicus) téh nyaéta anggota kulawarga ''Rhinocerotidae'' nu kaasup salah sahiji tina rupa-rupa badak nu hirup kénéh nepi ka kiwari. Ieu badak sagénus jeung Badak India, dedeganana ogé sarupa, tapi tina ukuran leuwih leutik (panjang 3,1–3,2 m, jangkung 1,4–1,7 m) sarta leuwih deukeut ka Badak Hideung. Culana tara leuwih ti 25 cm, leuwih leutik batan badak séjénna.
Badak sunda | |
---|---|
![]() | |
Tukang Moro Sato ti Éropa jeung badak sunda anu paéh taun 1895 | |
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | Perissodactyla |
Kulawarga: | |
Génus: | Rhinoceros |
Spésiés: | R. sondaicus |
Ngaran binomial | |
Rhinoceros sondaicus Desmarest, 1822[2] | |
Subspésiés | |
Rhinoceros sondaicus annamiticus | |
![]() | |
Sebaran Badak sunda[3] |
Mangsa baheula mah, badak Sunda mangrupa badak Asia nu paling lega jajahanana, ti kapuloan Indonésia, Asia Tenggara, nepi ka India jeung Cina, tapi kiwari ieu spésiés kaayaanana kritis. Populasina di alam liar anu masih kanyahoan ukur aya di dua tempat, turug-turug di taman satwa euweuh nu ngingu deuih[4]. Di Taman Nasional Ujung Kulon, populasi badak Sunda sahenteuna aya 40–50, sedengkeun di Taman Nasional Cat Tien, Viétnam, populasina teu leuwih ti dalapan. Nyirorotna populasi badak Sunda kiwari téh alatan loba diboro pikeun diala culana, anu di pasar gelap dihargaan $30,000[4]. Lian ti éta, masalah anu utama nyaéta beuki heureutna habitat[5].
Dina alamna, Badak Sunda bisa hirup nepi ka umur 30–45 taun. Hirupna di lebak leuweung hujan, tegalan baseuh jeung ranca. Ieu sato hirupna nyorangan, iwal mangsa kawin jeung miara anakna, tapi aya ogé mangsana ngagorombol. Lian ti manusa, sacara alami Badak Sunda anu sawawa taya pamangsana. Di lingkungan nu deukeut jeung manusa, ieu badak biasana nyingkah, tapi bisa malik narajang mun ngarasa kaancam. Para élmuwan jarang nu ngulik ieu sato, utamana ku sabab hésé manggihanana, sarta dianggap bahya saupama ngaganggu kahirupan spésiés langka kawas kieu. Panalungtikan biasana ukur ngandelkeun kaméra jeung analisis taina.