![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/2c/Azerbaijan_districts_numbered.png/640px-Azerbaijan_districts_numbered.png&w=640&q=50)
Babagian administratif Azerbaijan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sacara pulitisna, Azerbaijan dibagi kana:
- 59 distrik (rayonlar; tunggal– rayon),
- 11 kota (şəhərlər; tunggal– şəhər),
- 1 républik otonom (muxtar respublika), nu mana ngawengku:
- 7 distrik
- 1 kota
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/2c/Azerbaijan_districts_numbered.png/320px-Azerbaijan_districts_numbered.png)
Rayon-rayonna teras dibagi kana munisipalitas.
Wewengkon Nagorno-Karabakh ayeuna ngabentuk rayon-rayon Khojavend, Tartar, Goranboy, Shusha, jeung Kalbajar. Dina jaman Soviét, wewengkon éta kawanoh salaku Oblast Otonom Nagorno-Karabakh (OONK); tapi dina 26v Nopémber 26 1991, Parlemén RSS Azerbaijan ngahupus status otonom Nagorno-Karabakh. Saprak éta, wewengkon OONK sacara administratif kapisah di antara rayon-rayon, tapi kalobaannana tetep aya dina kadali pasukan étnis Arménia ti Nagorno-Karabakh jeung Arménia[1] salaku hasil ti Perang Nagorno-Karabakh.