Azawad
From Wikipedia, the free encyclopedia
Azawad, kawanoh ogé salaku Nagara Merdika Azawad[1] (Tuareg: ⴰⵣⴰⵓⴷ, Azawd; Basa Arab: دولة أزواد المستقلة[2], Dawlat Azawād al-Mustaqillah; Basa Prancis: État indépendant de l’Azawad[1]), nyaéta hiji wewengkon di Mali beulah kalér sarta ogé urut nagara nu teu diakuan, proklamasi kamerdikaan Azawad sacara sapihak dinyatakeun ku Gerakan Nasional Pangbébasan Azawad (MNLA) dina 2012 sanggeus hiji Pamberontakan Tuareg nyandak Tentara Mali kaluar ti wewengkon ieu. Azawad, sakumaha diklaim ku MNLA, ngawengku région Timbuktu, Kidal, Gao, jeung sabagian ti Région Mopti,[3] mibanda kira-kira 60 persén ti total wewengkon Mali. Azawad wawatesan jeung Burkina Faso di kidul, Mauritania di kulon jeung kalér-kulon, Aljazair di kalér jeung kalér-wétan, sarta Niger di wétan jeung tenggara, sareng Mali di kidul-kulon. Gao nyaéta kota panggedéna jeung ibu kota saheulaan,[4] samentara Timbuktu mangrupa kota nu pangedéna kadua, sarta diniatkeun pikeun jadi ibu kota permanén.
Azawad ⴰⵣⴰⵓⴷ أزواد | ||||
Nagara tanpa pangakuan kadaulatan | ||||
| ||||
Bandéta | ||||
Ibu kota | Timbuktu (de jure) Gao (saheulaan) | |||
Basa | Tuareg · Songhay · Fula Arab Hassānīya Perancis | |||
Pamaréntahan | Déwan Transisi Nagara Azawad (Conseil de Transition de l'Etat de l'Azawad, CTEA) | |||
Présidén | ||||
- 2012 | Bilal Ag Acherif | |||
Wakil Présidén | ||||
- 2012 | Mahamadou Djeri Maïga | |||
Jaman | Konflik Mali Kalér | |||
- Proklamasi | 6 April 2012 | |||
- Patempuran Gao | 27 Juni 2012 | |||
- Ansongo labuh | 12 Juli 2012 | |||
Citakan:Contains Tifinagh text
Artikel ieu ngandung aksara Arab, diserat ti katuhu ka kénca kalawan sababaraha aksara digabung. Tanpa dukungan tarjamahan anu cukup, anjeun bisa ningali aksara nu teu kagabung, kaserat ti kénca ka katuhu, atanapi simbol nu séjén aksara Arab. |