Autisme
From Wikipedia, the free encyclopedia
Autisme nyaéta gangguan kamekaran dina budak anu akibatna henteu bisa komunikasi sarta teu bisa ngebréhkeun rarasaanna jeung kahayangna, ku kituna laku-lampah hubungan jeung batur séjén jadi kaganggu.[1] Autisme mangrupa gangguan kamekaran sistem saraf puseur anu mangaruhan laku-lampah, pangabisa komunikasi, sarta interaksi soaial.[2] Autisme mimiti diungkabkeun ku Léo Kanner, dokter ahli kajiwaan asal Amérika Sarikat, dina taun 1943.[2] Gejalana kaluar saméméh umur tilu taun, dina sawatara perkara, budak mimitina anu kasampak normal bisa nempokeun gejala autisme sanggeus sababaraha taun.[2] Budak lalaki kasempetan kakeunaan autismena tilu kali leuwih loba di bandingkan budak awéwé.[2] Autisme henteu dipangaruhan ku faktor ras, kaayaan ékonomi, atawa tingkat atikan kulawarga.[2] Gangguan ieu lain kaasup kelainan jiwa sarta lain disababkeun ku pola asuh anu salah.[2]