From Wikipedia, the free encyclopedia
Atropin nyaéta ubar golongan antimuskarinik (saacana disebut antikolinergik) nyaéta ubar nu dipaké pikeun ngurangan motilitas (pergerakan) usus. Miboga rumus kimia
|
Artikel ieu masihan informasi dasar dina bidang kesehatan. Informasi dina artikel ieu ngan meunang digunakeun kanggo informasi ilmiah, teu bisa ngaganti diagnosis medis. Perhatosan: Wikipédia lain dokter, sagala informasi anu aya dina ieu énsiklopédi dumasar rujukan anu aya. Saupama anjeun aya keluhan, konsultasikeun jeung tenaga kaséhatan langsung |
Atropin
| |
Ngaran sistimatik (IUPAC) | |
(RS)-(8-Methyl-8-azabicyclo[3.2.1]oct-3-yl) 3-hydroxy-2-phenylpropanoate | |
Identifiers | |
Nomer CAS | |
Sandi ATC | A03 S01 |
PubChem | |
DrugBank | |
ChemSpider | |
Data kimia | |
Rumus | C17H23NO3 |
Mass. mol. | 289.369 g/mol |
SMILES | & |
Synonyms | Daturin [1] |
Data farmakokinetik | |
Bioavailabilitas | 25% |
Metabolisme | ≥50% hidrolisisd ka tropine jeung asam tropik |
Waktu paruh | 2 jam |
Eksresi | 15–50% diékskrésikeun teu robah dina urin |
Therapeutic considerations | |
Kat. kehamilan | |
Legal status | |
Jalur | ngaliwatan baham IV, IM, dubur |
C17H23NO3,[2] ubar ieu ogé dipaké pikeun ngungkulan gejala karacunan insektisida, denyut jantung nu turun, sarta pikeun prosedur praoperatif nu miboga pungsi ngurangan produksi ciduh salila opasi (keur operasi bedah umum atawa operasi panon katarak).[3][4][5][6]
Atropin dipaké pikeun ngungkulan sababaraha kasakit, kayaning nahankeun pungsi jantung nu hadé salila proses oprasi, sarta ngubaran sababaraha kalainan jantung, ngungkulan spasme dina beuteung, peujit, kandung kemih, sarta saluran empedu.[7][8] Lian ti éta ogé atropin miboga kagunaan pikeun ngungkulan otot nu tegang dina saluran cerna ku sabab radang usus besar (kolitis), irritable bowel syndrome (IBS), atau diverkulitis, ngungkulan produksi lendir nu loba, kayaningasam lambung, lendir dina saluran pernafasan, atawa ciduh nu nyababkeun sialorrhea nyaéta kaayaan nu nyababkeun ciduh tuluy kaluar jeung ngeclakan.[4] Nurunkeun kasakit ku sabab peradangan panon bagéann tengah, sarta ngaleuleuskeun otot panon saacan pamariksaan panon.[5] Ngendalikeun kaayaan kaséhatan kayaning, kolik bayi, kolik ginjal jeung ampedu, sarta ulkus peptis.Ngubaran rasa kaku, ngadégdég, produksi késang nu loba ku sabab panyakit Parkinson.[3] [9] Atropin ogé ngurangan sékrési disababraha bagéan organ awak, nu tuluy mantuan ngendalikeun kaayaan kayaning produksi asam dina jero beuteung jeung pankréas nu loba, sarta ngurangan sékrési tina irung, paru-paru, kelenjar ciduh jeung beuteung saacan oprasi jeung mantuan ngagaringkeun lendir nu loba nu aya patalina jeung panyakit, inféksi, sarta alérgi. [4]
Atropin ogé sadia dina bentuk ubar keclak panon, nu miboga pungsi keur ngagedékeun pupil panon saacan pamariksaan.[4]
Ieu di handap ngaran lian tina atropin:[2]
Ieu di handap ngaran dagang tina atropin:[2][5]
Atropin gawé kucara ningkatkeun denyut jantunng, ngaleuleuskeun peujit, sarta ngurangna produksi lendir kucara ngahambat zat nu aya dina saraf. Atropin ogé patali jeung ngahambat reseptor muskarinik asetilkolin, nu ngahasilkeun sababaraha éfék antikolinergik.[5]
Atropin sadia dina bnetuk tablét, ubar keclak panon, sarta cairan suntik. Tablét atropin bisa diinum sanggeus atawa saacan dahar, inum maké cai hérang.
Pikeun atropin Untuk atropin keclak panon, aya sababaraha léngkah nu kudu diperhatikeun, kayaning: [4]
Atropin dina bentuk cairan suntik kudu dibérékeun ku dokter atawa tanaga kaséhatan saluyu jeung anjuran dokter. Doktel bakal nalingakeun pernafasan, denyut jantung jeung tekanan getih salila paméréan atropin.[5]
Paké tablét jeung ubar keclak panon saluyu jeung nu geus ditanngtukeun ku dokter sarta pastikeun aya jarak nu lila saacan ka dosis nu satuluyna. [5]
Saacan maké atropin, perhetikeun sababaraha hal ieu:[3][5][7]
Acan dipikanyaho atropin ngabahayakeun bayi nu acan lahir, tapi sababaraha ubar ieu ngandung pangawét nu bisa jadi bahaya pikeun bayi nu karék lahir. Ubar ieu kaasup kana résiko kahamilan katégori C numutkeun US Food and Drugs Administration (FDA). [4]
Ieu di handap sababraha ubar nu miboga résiko mun diinum babarengan jeung atropin: [3][4][5]
Éfék samping mangrupa hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu di handap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum atropin:[3][4][5][7]
Panggihan dokter mun ngarandapan gejala kayaning:
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.