Surah At Tin (Arab: التِّينِ, "Buah Tin") nyaéta surah ka-95 dina al Qur'an. Surah ieu diwangun ku 8 ayat sarta kaasup golongan surah Makkiyah. Surah ieu diturunkeun sanggeus surah Al Buruj. Ngaran at Tin dicokot ti kecap "at-tin" anu aya dina ayat kahiji surah ieu anu hartina buah tin.

Informasi leuwih jero At Tin التِّي, Informasi ...
At Tin
التِّي
Informasi
Harti Buah Tin
Golongan Makkiyah
Surah ka 95
Juz Juz 30
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku'
Jumlah ayat 8 ayat
Tutup

Ringkasan eusi

Surah at Tin dimimitian ku sumpah Alloh anu nyebutkeun buah Tin, buah Zaitun, Gunung Sinai, sarta Mekah (ayat 1 nepi ka 4). Ayat satuluyna ngécéskeun yén manusa diciptakeun dina wangun anu sahadé-hadna. Cacak kitu, manusa tungtungan baris dipulangkeun ka tempat anu panghandapna atawa panghinana lamun henteu ngajalankeun paréntah Alloh. Jelema anu baris salamet tina kahinaan nyaéta jelema anu iman sarta ngalakonan amal soléh sarta maranéhanana baris meunangkeun pahala anu mayeng. Ayat ka-7 ngécéskeun Muhammad nyaéta utusan Alloh, anu ajaranana henteu kaci disaléwéngkeun (basa Indonesia: didustakan). Ayat pamungkas nganyatakeun yén Alloh nyaéta "Hakim Anu Pangadilna".

Eusi jeung Tarjamah

Informasi leuwih jero Ayat ka, Tulisan Arab ...
Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
وَٱلتِّينِ وَٱلزَّيۡتُونِ
Demi tin jeung jaitun.
2.
وَطُورِ سِينِينَ
Jeung gunung Sinai
3.
وَهَـٰذَا ٱلۡبَلَدِ ٱلۡأَمِينِ
Jeung ieu nagri nu aman (Mekah).
4.
لَقَدۡ خَلَقۡنَا ٱلۡإِنسَـٰنَ فِىٓ أَحۡسَنِ تَقۡوِيمٍ۬
Saenyana kami geus ngayugakeun manusa kalawan dedeg-pangadeg nu panghadéna.
5.
ثُمَّ رَدَدۡنَـٰهُ أَسۡفَلَ سَـٰفِلِينَ
Tuluy ku Kami diragragkeun kana tempat anu panghandap-handapna.
6.
إِلَّا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ وَعَمِلُواْ ٱلصَّـٰلِحَـٰتِ فَلَهُمۡ أَجۡرٌ غَيۡرُ مَمۡنُونٍ۬
Kajaba jalma-jalma anu ariman tur ngalampahkeun amal soléh, nya pikeun maranéhanana mah ganjaran anu taya kendatna.
7.
فَمَا يُكَذِّبُكَ بَعۡدُ بِٱلدِّينِ
Naon nu ngalantarankeun manéh sabadana aya katerangan ingkar kana perkara agama?
8.
أَلَيۡسَ ٱللَّهُ بِأَحۡكَمِ ٱلۡحَـٰكِمِينَ
Lain apan Alloh téh Hakim anu pangadil-adilna?
Tutup

Rujukan

Tumbu ka luar

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.