![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/44/Viennese_zodiac.jpeg/640px-Viennese_zodiac.jpeg&w=640&q=50)
Astrologi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Astrologi nyaéta élmu perbéntangan anu dipaké pikeun ngaramal sarta nyaho nasib jelema.[1] Astrologi nelaah kumaha posisi sarta gerakan barang-barang langit, kawas panonpoé, bulan, planét-planét, sarta béntang-béntang nu nyambung jeung kajadian di bumi.[2] Para astrolog percaya yén posisi sarta pergerakan objék-objék astronomis éta dina waktu kalahiran hiji jalma baris ngaréfléksikeun sipat jelema kasebut.[2] Para ilmuan nuturkeun yén euweuh dasar ilmiah pikeun mercayaan astrologi, tapi loba jelema anu percaya ngajadikeunna minangka dasar dina nyokot kaputusan.[2] Astrologi salah sahiji élmu pangkolotna anu dimekarkeun sacara rupa-rupa dina unggal peradaban.[2] Bangsa Babilonia geus ngamekarkeun astrologi saprak taun 3000 SM.[2] Urang Cina mraktékkeun astrologi dina 2000 SM.[2] Wangun kamekaran astrologi ogé dimekarkeun dina mangsa Sélér Maya di Amérika.[2] Kira-kira abad ka-5 SM, astrologi sumebar ka Yunani, astrologi saterusna dipraktékkeun sacara lega di Éropa salila abad pertengahan.[2] Kaum pelajar nempo astrologi sarta astronomi minangka élmu kanyaho anu silih ngalengkepan.[2] Hal éta lumangsung nepi ka taun 100-an, sabot téori sarta pamanggih anu dijieun ku Nicolaus Copernicus sarta Galileo Galilei tétéla teu saluyu kalayan astrologi ku kituna ngurangan prinsip-prinsip keilmuan astologi.[2] Saprak kitu, ngan saeutik kaélmuan anu nganggap astrologi minangka pangaweruh.[2] Maranéhanana nampik prisip-prinsip astrologi alatan henteu ilmiah, tapi lolobana jelema masih mercayaan astrologi sarta ngalarapkeunna.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/44/Viennese_zodiac.jpeg/320px-Viennese_zodiac.jpeg)