Astéroid
From Wikipedia, the free encyclopedia
Astéroid, planét leutik, jeung planétoid mangrupa sinonim, sarta digunakeun keur nandaan golongan sagala rupa banda angkasa leutik nu kumalayang dina sistim suryamandala sarta ngorbit ka panonpoé. Astéroid (basa Yunani keur "siga-béntang") mangrupa kecap nu sering dipaké dina literatur basa Inggris keur planét leutik, mangrupa istilah nu dipilih ku International Astronomical Union; nu séjénna leuwih milih planétoid (basa Yunani: "siga-planét"). Dina Agustus 2006 ahir, IAU ngawanohkeun istilah banda-banda leutik dina sistim suryamandala ("small solar system bodies", SSSBs), nu ngawengku lolobana objék nu satuluyna diklasifikasikeun minangka planét leutik, saperti komét; aranjeunna ogé ngawanohkeun "planet katé" ("dwarf planet") keur planét leutik panggedéna. Artikel Wikipedia ieu tetep nyebut planét leutik nu ngorbit dina sistim suryamandala beulah jero (kasarannana nepi ka orbit Yupiter). Keur tipe objék séjén, saperti komét, objék Trans-Neptunian, jeung Centaur, tempo Small solar system body.
- Keur game arcad, tempo Asteroids (game komputer).
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/a/aa/%28253%29_mathilde_crop.jpg/250px-%28253%29_mathilde_crop.jpg)
Astéroid nu munggaran kanyahoan, Ceres mangrupa asteroid panggedéna nu kiwari diklasifikasikeun minangka planét dwarf, sedengkeun kabéh sésana kiwari diklasifikasikeun minangka SSSBs. lolobana astéroid kaasup kana beubeur astéroid utama, kalayan orbit éliptisna aya di antara Mars jeung Jupiter. Astéroid dianggap minangka sésa protoplanetary disc, sarta dina wewengkon ieu kumpulan sésa protoplanetary nu jadi planét dilingkung ku kacona gravitasi nu gedé alatan pangaruh Jupiter salila période diwangunna sistim suryamandala. Sababaraha astéroid miboga bulan atawa kapanggih minangka pasangan nu disebut sistim binér.