![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/d/df/Comet-Hale-Bopp-29-03-1997_hires_adj.jpg/640px-Comet-Hale-Bopp-29-03-1997_hires_adj.jpg&w=640&q=50)
Komét
From Wikipedia, the free encyclopedia
Komét (simbol: ) nyaéta banda leutik dina sistim suryamandala nu ngorbit kana panonpoé sarta (kadang-kadang) mintonkeun koma (atawa atmosfir) jeung/atawa buntut — duanana utamana disababkeun ku ayana pangaruh radiasi panonpoé kana inti komét, nu mana manéna sorangan mangrupa banda leutik nu diwangun ku batu, kebul, jeung és. Orbit komét robah kalayan konstan: asalna di saluareun sistim suryamandala, sarta miboga kacenderungan kacida dipangaruhannana (atawa dikacokeun) ku planét gedé nu rélatif deukeut. Sababaraha di antarana pindah kana orbit sungrazing nu ngaruksak komét nalika manéhna deukeuteun paponpoé, sedengkeun lianna mah kapiceun ka saluareun sistim suryamandala salilalana.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/d/df/Comet-Hale-Bopp-29-03-1997_hires_adj.jpg/640px-Comet-Hale-Bopp-29-03-1997_hires_adj.jpg)
lolobana komét dipercaya asalana tina halimun (Oort cloud) dina jarak nu jauh ti Srangéngé nu ngandung debris nu tinggaleun tina kondénsasi nébula srangéngé; sisi luar nébula ieu cukup tiis sahingga cai ogé aya dina kaayaan nu mangrupa padetan (lain gas). Asteroid asalna ngaliwatan prosés nu béda, tapi komét nu geus kacida kolotna, nu geus leungiteun sakabéh bahan volatile-na, bisa ogé jadi sarupaning asteroid.
Kecap komét asalna tina basa Inggris nu ngaliwatan basa Latén cometes. Tina kecap basa Yunani komē mah, hartina téh "buuk na hulu," Aristotélés mimiti maké kecap turunan komētēs keur ngagambarkeun komét miangka "béntang buukan."