Asia Kidul Wétan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Asia Tenggara atawa Asia Kidul Wétan nyaéta hiji subwewengkon di Asia, nu ngawengku nagara-nagara nu sacara géografis aya di kiduleun China, wetaneun India sarta kalereun Australia. Wewengkon Asia Tenggara ngampar dina interseksi pelat géologis, kalayan aktivitas seismik katut vulkanik nu rongkah.
Area | 4,523,000 km² |
---|---|
Populasi | 568,300,000 |
Kapadetan | 126 per km² |
Nagara | 11 |
Teritori | 12 |
GDP | $900 miliar (exchange rate) $2.8 triliun (purchasing power parity) |
GDP per kapita | $1,584 (exchange rate) $4,927 (purchasing power parity) |
Basa | Indonesia, Filipina, Vietnam,Thai, Burma, Malayu, Khmer, Lao, Tetum, Nikobar, Mandarin, Inggris, Tamil, Portugis, Bengali, Hindi, Malayalam, Punjabi, Telugu, Jawa, Sunda, Tagalog, Cebuano, Madura, Kanton, Min, Taiwan (Min Nan), jeung lianna |
Zona wanci | UTC +9:00 (Indonesia) tepi ka UTC +5:30 (Kapuloan Andaman jeung Nikobar) |
Kota gede | Jakarta Manila Bangkok Ho Chi Minh City Surabaya Kuala Lumpur Singapura Hanoi Bandung Medan Yangon |
Asia Tenggara
Asia Tenggara ngawengku dua wewengkon géografis: Asia daratan, jeung island arc katut kapuloan nu aya di wetan jeung wetan kiduleunnana. Bagéan daratan kaasup Kamboja, Laos, Myanmar, Thailand jeung Vietnam; nu populasina utamana urang Tai jeung urang Austroasiatik; ageman nu dominan nyaéta Buda, tuluy Islam. Bagéan maritim kaasup Brunei, Timor Wetan,[1] Indonesia, Malaysia, Pilipina jeung Singapura. Urang Austronesia nu panglobana aya di wewengkon ieu; ageman nu dominan nyaéta Islam,tuluy Kristen[rujukan?].