Abiu
From Wikipedia, the free encyclopedia
Abiu nyaéta buah tina (spesies Puteria Caimito kulawarga Sapotaceae). Tangkal jeung buahna mibanda sipat sarua jeung tangkal sawo. Buahna lonyod sakapeung aya ogé anu rada buleud, ukuran panjang 6–12 cm jeung beuratna 150-500 gram, Mibanda rasa seger béda jeung buah séjéna,[1] .
Abiu (Pouteria caimito) | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | Angiosperms |
(unranked): | Eudicots |
(unranked): | Asterids |
Ordo: | Ericales |
Kulawarga: | Sapotaceae |
Génus: | Pouteria |
Spésiés: | P. caimito |
Ngaran binomial | |
Pouteria caimito Radlk. | |
Ku lantaran loba dipelak jaung dibudidayekeun di Australia, ieu buah leuwih kasohor ku sebutan sawo Australia [1]. Padahal, asal muasalna ieu tangkal téh ayana disabudeureun Amazon, dataran Péru, jeung Brazil.[2] Daging buah abiu mibanda kelir bodas jeung rada hérang rasana amis kareueut tur seger. Aya anu ngagambarkeun ieu buah rasana méh sarua jeung kalapa ngora. [1] Lantaran dagingna beyé jeung rada caian abiu bisa ogé dikonsumsi maké bantuan séndok. Unggal buah mibanda hiji nepikeun ka lima siki.
- Buah abiu anu dipotong
- Buah anu asak
- Siki buah abiu