22 Méi nyaéta poé ka-142 dina sataun (ka-143 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 223 poé.

1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 760 – Liliwatan Komét Halley nu kaopat welas kalina nu kungsi kacatetkeun
  • 1176 – Urang Hasasin gagal nelasan Solehuddin di deukeut Aleppo.
  • 1200 – Raja John ti Inggris jeung Raja Philip ti Perancis naréken Perjangjian Le Goulet.
  • 1455 – Awal tina Perang Mawar: Dina Patempuran St. Albans Kahiji, Richard, Duke York, ngéléhkeun sarta nawan Raja Henry VI ti Inggris.
  • 1520 – Pangbantéyan dina hajatan Toxcati lumangsung nalika rubuhna Tenochtitlan, ngakibatkeun malikna Suku Aztek ngalawanan ka Spanyol.
  • 1629 – Kaésar Romawi Suci Ferdinand II jeung Raja Dénmark Christian IV néken Perjangjian Lübeck mungkas ilibiungna Dénmark dina Perang Tilu Puluh Taun.
  • 1762 – Swédia jeung Prusia néken Perjangjian Hamburg.
  • 1762Cimancur Trevi réngsé diwangun sarta dirasmikeun di Romawi.
  • 1804Ékspédisi Lewis jeung Clark sacara rasmi dimimitian nalika Korp Panimuan miang ti St. Charles, Missouri.
  • 1809 – Dina poé kadua tur pamungkas dina Patempuran Asper-Essling (di deukeut Wina, Austria), Napoléon I diusir ku pasukan musuhna dina kali kahijina.
  • 1819SS Savannah miang ti Savannah, Georgia, AS, minangka lalampahan munggaran hiji kapal uap meuntas Samudera Atlantik.
  • 1849 – Pibakaleun présidén AS, Abraham Lincoln ngaluarkeun patén pikeun panimuan lift boat (kapal jungjung), ngajadikeun dirina minangka hiji-hijina présidén AS nu kungsi ngabogaan patén.
  • 1863Perang Sipil Amérika: Pasukan Union ngamimitian Pangepungan Hudson nu lumangsung salila 48 poé, panglila-lilana pangepungan dina sajarah militer AS.
  • 1872 – Présidén Ulysses S. Grant ngasahkeun Akte Amnesti, mulangkeun hak-hak sipil jeung pulitik pinuh ka sakabéh urang Konfedérasi kajaba 500 urang simpatisan.
  • 1900Associated Press diadegkeun di Kota New York minangka pausaahan warta nu teu nyokot kauntungan.
  • 1906Wright sadulur meunangkeun patén pikeun “Mesin Hiber”.
  • 1915Puncak Lassen bitu tohaga, hiji-hijina gunung api nu bitu di AS di abad 20 sajaba ti St. Helena.
  • 1927 – Di deukeut Xining, Tionghoa, lini 8,3 Mw narajang, ngakibatkeun 200.000 urang palastra, salah sahiji lini pangarusakna di dunya.
  • 1939Perang Dunia II: Jérman jeung Italia néken Pakta Waja.
  • 1942 – Méksiko ngiluan dina Perang Dunia II, gabung ka kakuatan Sakutu.
  • 1960 – Lini Tohaga Chili, kaitung nepi ka 9.5 mw, mangrupa lini panggedé-gedéna di dunia nu kungsi kacatetkeun.
  • 1967 – Mesir nutup Selat Tiran pikeun kapal-kapal dagang Israél.
  • 1968 – Kapal selam tanaga nuklir AS, Scorpion, tilem bareng jeung 99 jalma sajeroeunna, 400 mil ti kidul kulon Azores.
  • 1972 – Sélong ngadopsi konstitusi anyar, jadi hiji républik sarta ngaganti ngaranna jadi Sri Langka jeung ngagabung kana Nagara-Nagara Pasamakmuran.
  • 1977 – Jadwal pamungkas Éropa pikeun Orient Express (sabada 94 taun).
  • 1990 – Yaman Kalér jeung Kidul ngahiji jadi Républik Yaman.
  • 1992 – Bosnia jeung Hérzegowina, Kroasia jeung Sérbia asup ka PBB.
  • 2000 – Di Sri Langka, leuwih ti 150 pangbarontak Tamil ditelasan dina dua poé patempuran ngarebutkeun Jaffna.
  • 2002 – Juri di Birmingham, Alabama, ngadakwa manten anggota Ku Klux Klan, Bobby Frank Cherry pikeun panelasan opat wanita di taun 1963 dina pangeboman di Jalan Garéja Baptis.
  • 2010 – Pasawat Boeing 737 Air India Express murag kana lamping nalika rék ngadarat di Mangalore, India, nelasan 158 tina 166 jalma sajeroeunna, minangka musibah muragna Boeing 737 pangpaarahna.
  • 2010 – Waruga astronom Polandia, Nicolaus Copernicus, dikuburkeun deui di Katédral Frombork, Polandia, sabada kuburan ditéangan salila 200 taun.
  • 2011 – Tornado EF5 narajang Joplin, Missouri, nelasan 158 jalma sarta ngajieun karusakan saharga $2,8 milyar.
  • 2012 – Gedong Skytree Tokyo dibuka pikeun umum. Mangrupakeun pangjakungna munara di dunia (634 m) sarta struktur buatan jalma pangjangkungna kadua sabada Burj Khalifa (829,8 m).
  • 2014 – Jéndral Prayut Chan-o-cha jadi pamingpin sawatara Thailand sabada hiji kudéta militer, tutuluyan tina kakacoan pulitik salila genep bulan.
  • 2014 – Hiji beledugan lumangsung di Ürümqi, puseur wilayah kulon jauh Xinjiang, ngakibatkeun saheunteuna 43 jalma palastra sarta 91 lianna tatu.
  • 2015 – Républik Irlandia jadi nagara munggaran nu ngameunangkeun kawin antar gay ngaliwatan hiji réferéndum umum.
  • 2017 – Dua puluh dua jalma perlaya dina pangeboman di Konsér Ariana Grande di Arena Manchester.
  • 2017 – Présidén AS Donald Trump nganjang ka Garéja Suci Sepulchre di Yerusalem sarta jadi présidén AS nu munggaran nu ngadatangan Témbok Kulon.
  • 2019 – Majelis Umum PBB ngayakeun pamilihan hiji mosi nu ngutuk kana pangdiukan Inggris ka Kapuloan Chagos di Samudera India sarta sakuduna diasupkeun ka Mauritius.

Nu babar

  • 1783William Sturgeon, fisikawan Inggris (td. 1850)
  • 1813Richard Wagner, komposer Jérman (td. 1883)
  • 1859Arthur Conan Doyle, panganrang Inggris (td. 1930)
  • 1907Hergé, komikus Bélgia (td. 1983)
  • 1942Ted Kaczynski, tukang maténi, téroris Amérika, nelah ku landian Unabomber
  • 1946George Best, pamaén bola Irlandia Kalér (td. 2005)
  • 1970Naomi Campbell, modél Inggris
  • 1979Maggie Q, artis Amérika
  • 1987Novak Djokovic, pamaén ténes Sérbia
  • 1987 – Arturo Vidal, pamaén bola Chili
  • 1991Suho, aktor jeung tukang ngawih Koréa Kidul (Exo)

Nu pupus

  • 337Konstantin Agung, kaésar Romawi (l. 272)
  • 1802Martha Washington, ibu nagara AS kahiji (l. 1731)
  • 1885Victor Hugo, novelis Perancis (l. 1802)
  • 2019Arifin Ilham, da'i Indonésia (l. 1969)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Gotik Dunia
  • Poé Internasional pikeun Kamangrupaan Biologis

Tumbu luar

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.