![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/88/.info_logo.png/640px-.info_logo.png&w=640&q=50)
.info
From Wikipedia, the free encyclopedia
.info nyaéta domain undak luhur internét anu dipaké ku pausahaan jeung individu anu nyayagakeun informasi umum.[1] Ngaran domain net geus ditambahkeun dina taun 2000.[1] Domain info mangrupa salah sahiji domain undak luhur umum dina Sistem Ngaran Domain (DNS), anu dikokolakeun sarta dioperasikeun ku Afilias.[2] Ieu domain téh domain kawates mimiti sanggeus domain com disatujuan, anu sacara resmi dibuka pikeun registrasi publik dina tanggal 1 Oktober 2001.[2] Dina bulan Désémber 2010, domain info mangrupa domain undak luhur umum anyar pangbadagna, sarta domain undauk luhur pangbadagna ka-7 di sakuliah dunya, anu registrasina kurang leuwih 6,8 yuta.[2] Aya loba domain info anu kadaftar minangka domain undak luhur anyar sakabéhna téh dikombinasikeun.[2] Kontrak Afilias' pikeun jadi registri domain info dipapanjang salila genep bulan sanggeus panungtungan dina tanggal 31 Désémber 2012.[2] Saterusna mah kontrak ieu téh dicekel ku ICANN, sarta dianyarkeun deui dina bulan Agustus 2013.[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/88/.info_logo.png/640px-.info_logo.png)